MATAK WAAS


  • Ya Alloh Nu Maha Akbar, estu waas matak kelar,
    ningal daratan nu ngampar, alam dunya nu ngagelar.

  • Ret neuteup ka awang-awang, megana pating kalayang,
    langit teu aya tungtungna, endah temen kasawangna.

  • Ti siang ngempray caraang, titingalan awas lenglang,
    ti wengi bentang baranang, cahaya bulan gumiwang.

  • Teu lami hujan miripis, ti langit hujan girimis,
    hujan rohmat ti Pangeran, Mantenna Nu Maha Heman.

  • Tutuwuhan breng jaradi, renung dina latar bumi,
    sadaya eta rejeki, paparin Ilahi Robbi.

  • Mekar sakur kekembangan, leubeut sugri bungbuahan,
    kukupu gegelebaran, bangbara sareng nyiruan.

  • Mung ka Alloh nya sumembah, kade ulah salah nyembah,
    ulah rek nyembah berhala, sabab eta teh doraka.