Conto Puisi Basa Sunda

Di handap ieu conto puisi basa sunda kategori "Rarakitan" jeung "Paparikan":
Rarakitan
Hayang teuing aromanis
Teu bisa ngalaanana
Hayang teuing kanu geulis
Teu bisa menangkeunana
Sing bageur ka unggal tamu
Nu asal na ti nagri Barat
Sing getol neangan elmu
Nu guna dunya aherat
Paparikan
Ka Cijati ka Cikarang
Balik na ka Majalengka
Mun urang tara sembahyang
Pasti asup ka naraka
Talitung talina benang
Mobil beureum diguratan
Satungtung teu acan beunang
Moal eureun disuratan