Pepeling keur Anaking Budak Kuring

Tulisan di handap mangrupikeun pepeling kolot pikeun murangkalih anu dideudeuh dipikanyaah jeung dipusti-pusti. Salian ti mangrupi pepeling ucapan ieu oge tiasa janten do'a ka gusti sangkan budak jadi bageur tur soleh.

Mangga regepkeun kalimah pepeling kolot jang budak kalayan kata ku basa sastra Sunda anu merenah pamugi jadi elmu anu bisa diparantikeun kana kahirupan :

PEPELING SUNDA KEUR ANAKING

Anaking jimat Awaking ...

Hidep kudu reueus hirup huripna ngajadi diri anjeun sorangan. Raksa pariksa amarah hidep nu ngabalukarkeun kaduhung teu manggih tungtung. Jalanan hirup ku handap asor ka papada manusa, jaga jeung riksa sarupaning anu dipiboga ku hidep. Soca tina tinggalieun, ceuli tina dedengeun, Letah tina ucapkeuneun, leungeun tina cabakeuneun. Suku tina lampahkeuneun. Jaga riksa lengkah paripolah tinu hal anu matak raheut kana manah batur. Ngarah hidep hirup loba dulur, akur jeung salembur.

Ulah poho, jaga, riksa kaluhungan alam dunya. Da Gusti Anu Maha Suci nyiptakeun alam dunya teh pikeun diropea estuning keur hirup huripna hidep jeung papada umat-Na.

Anaking jimat Awaking

Hidep sing sadar, ngajalanan hirup hurip di alam dunya teh heunteu gampang. Hidep moal salawasna ngajalanan datarna hirup. Bakal nincak kana tanjakan jeung pudunan. Omat hidep ulah kupur. Salawasna eling kanu Maha Agung, Nyembah kanu Maha Kawasa. Turutkeun papagon ageman, jalankeun pituduh karuhun urang. Tah ieu anaking, pepeling keur diri papatah keur awak, badan sakujur ingis laku lampah nincak salah.

Anaking jimat Awaking

Dina unggal renghapan nu jadi indung bapa kaluar dunga anu mustajab pikeun anak-anakna ngarah hirup pinangih jeung kabagjaan, kajembaran pikeun pibekeleun dina engoning ngajalanan sagara kahirupan di alam dunya. Omat anaking hideup kudu silih asah,silih asih, silih asuh, silih talingakeun nya diri, silih simbeuh nya kukadeudeuh. Deheuskeun duduluran, rakeutkeun babarayaan, ulah rek pakia-kia ulah rek pasalia paham hamo nepi ka papaseaan.

Anaking jimat Awaking

Omat, ieu peupeujeuh keur hirup huripna hidep salawasna. Bral anaking… jalanan hirup huripna hidep. Sugan jeung sugan hidep bisa ngajadikeun diri hidep jadi Manusa Unggul.