Paribasa jeung Babasan Sunda Bagean 6

Paribasa jeung Babasan Sunda Bagean 6...
601. Ngalebur tapak.
Hartina : Boga ngaran anu goréng ku lantaran keur ngora goréng laku-lampahna. Pikeun ngalebur dosa jeung ngoméan ngaran nu geus goréng téa, ka kolotnakeun jadi bageur: hadé laku-lampahna.
602. Uyah tara téés ka luhur.
Hartina : Kalakuan atawa sipat-sipat anu garoréng, mindeng pisan nurun ka anak-incu.
603. Nyuhunkeun bobot pangayon (timbang taraju).
Hartina : Ménta pangampura jeung ménta tim­bangan, da puguh geus rumasa ari salah jeung dosa mah.
604. Teu ditari, teu ditakon.
Hartina : Teu dipaliré, diantep baé. Teu ditanya-tanya acan.
605. Tatah wadung.
Hartina : Banda meunang hésé capé, upamana imah turunan jst.
606. Témbong gelor.
Hartina : Jigana deukeut, tapi saenyana mah jauh.
607. Ditangtang-diténgténg, dijieun bonténg sapasi.
Hartina : Dipandang anéh (modél).
608. Népakeun jurig pateuh.
Hartina : Puguh urang anu goréng, tapi kago­réngan urang téh ditamplokkeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
609. Kawas térong beulah dua.
Hartina : Sarua baé rupana (sakarupa), naha adi jeung lanceuk atawa anak jeung indung-bapa.
610. Nété tarajé, nincak hambalan.
Hartina : Kudu merenah. Lamun aya uruskeuneun téh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus, beuki ditu, beuki ka nu leuwih luhur pangkatna.
611. Nété sémplék, nincak semplak.
Hartina : Kieu salah, kitu salah, taya hiji pausahaan anu ngahasilkeun, taya hiji kalakuan anu nguntungkeun.
612. Nu temen tinemenan.
Hartina : Nu enya-enya usahana pikeun ngahon­tal kahayangna, bisa tinekanan maksudna.
613. Katempuhan buntut maung.
Hartina : Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
614. Nepak cai malar cérét.
Hartina : Ngomongkeun jeung ngagogoréng ka batur, supaya batur téh ragrag ngaranna jeung kawentar kagorénganana. Nu dipalar, supaya ngan urang wungkul anu dipikaresep ku sobat jeung nu pangseubeuhna ngahakan pakayana.
615. Tilas tepus.
Hartina : Ngan ukur cukup baé, teu aya leuwih­na, teu aya kurangna.
616. Neukteuk mari anggeus, rokrok pondokeun, peung­gas harupateun.
Hartina : Heuras haténa, teu sabar dina nyanghareupan rupa-rupa kasusahan jeung babari luluasan.
617. Nu titeuleum disimbeuhan.
Hartina : Nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri, beuki dinyenyeri, nu keur cilaka, beuki dicilakakeun.
618. Neundeun haté.
Hartina : Boga kahayang nu dirasiahkeun.
619. Neundeun piheuleut, nunda picela.
Hartina : Néangan pilantaraneun supaya jadi go­réng; supaya temahna papisah, teu ngahiji deui.
620. Oray néangan paneunggeul.
Hartina : Nyampeurkeun pibalaieun, ku nyampeurkeun jelema anu keur ijid atawa ngambek ka urang.
621. Jogjog neureuy buah loa.
Hartina : Milampah anu moal pihasileun.
622. Héjo tihang.
Hartina : Remen pindah tempat, imah atawa pagawéan.
623. Teu jauh ti tihang juru, teu anggang ti tihang tengah.
Hartina : Nya goréng rupana, nya goréng kalakuanana, sok daék pulang-paling.
624. Tiis-tiis jahé.
Hartina : Henteu ribut, senang-senang baé, sa­najan nyanghareupan pagawéan anu loba, tur bangga.
625. Tiis ceuli hérang mata.
Hartina : Ngeunah haté ku lantaran ngeunah deudeuleuan jeung dédéngéan.
626. Tikoro andon peso.
Hartina : Nyampeurkeun pibalaieun atawa pisusaheun, ku nyampeurkeun jelema nu keur ijid atawa ngambek ka urang.
627. Tikoro kotokeun.

Hartina :
Lamun ngeunaan papakéan, hayang buru-buru dikaput jeung anggeus, supaya buru-buru bisa dipaké.
Lamun ngeunaan kadaharan, hayang buru-buru asak, basana téh hayang ngasaan kumaha rasana.
Gampang pisan laparna.



628. Awak satilas.

Hartina : Jangkung lenjang.



629. Ngadek sacékna, nilas saplasna.

Hartina : Ngomongna henteu diréka-réka, satarabasna baé, euweuh anu dipaké sumput-salindung.



630. Nilik bari ngeusi.

Hartina : Babanda ngumpulkeun parabot imah, henteu disakalikeun, tapi ditungtut, saeutik-saeutik, lila-lila ogé loba.



631. Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup.

Hartina : Lenjang jeung geulis rupana.



632. Bilatung ninggang dagé.

Hartina : Meunang kauntungan.



633. Salah tincak.

Hartina : Goréng kalakuanana, teu merenah paripolahna.



634. Ditiung geus hujan.

Hartina : Kakara ati-ati, sanggeus meunang kasusahan atawa kacilakaan.



635. Tipu keling, ragaji Inggris.

Hartina : Pinter dina kajahatan, pinter dina ngabobodo atawa nipu.



636. Titirah ngadon kanceuh.

Hartina : Sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusahan nu leuwih gedé.



637. Gurat cai.

Hartina : Jalir jangji.



638. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak.

Hartina : Sauyunan, layeut pisan, kamana-mana ogé babarengan baé.



639. Kumaha kejebur caina, geletuk batuna baé.

Hartina : Kumaha béhna baé, henteu jadi pikiran.



640. Cara cai dina daun bolang.

Hartina : Papatah anu henteu digugu, atuh teu aya mangpa'atna.



641. Caina hérang, laukna beunang.

Hartina : Hasil maksud kalawan bérés, teu aya kaributan atawa pacéngkadan naon-naon.



642. Nyicikeun cai, murulukkeun lebu.

Hartina : Turun cadu (Cacaduan). Pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.



643. Cangkir emas eusi délan.

Hartina : Omonganana mah alus, nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi haténa jahat jeung matak bahaya ka urang.



644. Caréham hayameun.

Hartina : Gampang pisan laparna.



645. Teu cari ka Batawi, tapi ka salaki.

Hartina : Hakan-paké hayang ti salaki.



646. Rumbak caringin di buruan.

Hartina : Dina aya kasusahan atawa karerepet, geus teu boga kolot saluhureun anu bisa mépélingan ka urang.



647. Wiwirang di kolong catang, nya gedé, nya panjang.

Hartina : Wiwirang anu pohara gedéna.



648. Katumbukan catur, kadatangan carita.

Hartina : Loba anu embung, sabab ngagedékeun jeung ngagugulukeun panyéréwédan.



649. Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria, ka koncara ka mancanagara.

Hartina : Kawentar ka mana-mana.



650. Ceuli léntaheun.

Hartina : Resep ngadéngékeun kagoréngan atawa kaaéban batur.



651. Sahérang-hérangna cibéas, moal hérang cara cisu­mur.

Hartina : Sasarina lamun geus aya pacéngkadan, sok tara bisa hadé deui cara baréto saméméh aya pasalia pikir.



652. Ngalétak ciduh.

Hartina : Narik atawa ngabatalkeun.



653. Nyiduh ka langit.

Hartina : Mapatahan ka nu saluhureun umurna, pangkatna atawa kanyahona.



654. Cikal bugang.

Hartina : Maot pangheulana dina pangperangan.



655. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok.

Hartina : Ku dileukeunan mah sakumaha héséna ogé, laun-laun jadi bisa.



656. Cicing dina sihung maung.

Hartina : Nganjrek di jelema anu bisa nyusah­keun atawa nyilakakeun ka diri urang.



657. Clik putih, clak hérang.

Hartina : Kaluar tina haté anu beresih, rido pisan, pasrah pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.



658. Nyokor = Néngtérégé = Ningnang.

Hartina : Make pakéan naon ogé teu pantes baé.



659. Nyokot lésot, ngeumbing porot.

Hartina : Taya usaha anu ngahasilkeun.



660. Nyolok mata buncelik.

Hartina : Nganyenyeri ka batur ku omongan atawa laku-lampah goréng di hareupeunana.



661. Nyolong badé.

Hartina : Sulaya tina taksiran. Disangka goréng, saenyana hadé atawa sabalikna. Disangka bodo, saenyana pinter atawa sabalikna jst.



662. Congo-congo ku amis, mun rek amis oge puhuna.

Hartina : Kumaha arék bageurna di nu jadi anak, lamun bapana henteu bageur jst.



664. Cueut ka hareup.

Hartina : Geus kolot, geus deukeut ka paéh.



665. Bentik curuk balas nunjuk.

Hartina : Ngan maréntah baé ka batur, ari prak ku manéh mah henteu.



663. Nyoo gado.

Hartina : Ngamaénkeun jelema anu kudu dihormat, boh sakoloteun, boh saluhureun.



666. Ngégél curuk.

Hartina : Lapur teu meunang hasil naon-naon.



667. Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda.

Hartina : Perkara leutik, tapi bisa jadi matak cilaka.



668. Kawas cucurut kaibunan.

Hartina : Ngeunaan ka jelema anu goréng patut rupana, matak sareukseuk panon anu nénjo.



669. Nuju hurup ninggang wirahma.

Hartina : Ngeunaan ka nu ngaji, laguna alus, ngecapkeunana bener jeung panjang pondokna merenah.



670. Tugur tundan, cuntang gantang.

Hartina : Ngajalankeun pagawéan pikeun Nagara.



671. Keur tulang-tonggong.

Hartina : Kakayaan anu matak teteg atawa reugreug kana haté, karana sawaktu-waktu lamun aya kaperluan penting, bisa dipaké.



672. Nulungan anjing tiselap.

Hartina : Nulungan jelema anu teu aya panari­mana.



673. Matih tuman batan tumbal.

Hartina : Leuwih gedé hasilna tina latihan ti batan tina tumbal atawa jampé.



674. Tumpang-sirang.

Hartina :
Tumarumpang, teu leleb cumonggahna.
Teu pantes barang pakéna.



675. Tunggul kuras.

Hartina : Teuteundeunan (duit) anu kakara dipaké lamun pohara perluna.



676. Tunggul sirungan, catang supaan.

Hartina : Aya kajadian anu goréng atawa matak teu ngeunah di ahirna.



677. Kajeun pait tungtung amis, manan amis tungtung pait.

Hartina : Ti batan ahirna matak susah, leuwih hadé dicaritakeun ti heula, naon anu matak pisusah­eunana.



678. Ngabéjaan bulu tuur.

Hartina : Ngabéjaan ka nu geus nyahoeun.



679. Nurub cupu.

Hartina : Repok anu alus pisan, lalakina kasép, awéwéna geulis, lalakina bageur, awéwéna satia jst.



680. Turun ka ranjang.

Hartina :
Mun ninggang di awéwé, kawin ka adi salakina anu geus maot.
Mun ninggang di lalaki, kawin ka adi pamajikan­ana nu geus maot.



681. Tuturut munding.

Hartina : Nurutan batur, kalawan teu dipikir heula hade goréngna.



682. Gunung tanpa tutugan.

Hartina : Euweuh anggeusna, teu béak-béak. Sasarina ngeunaan pagawéan atawa perkara.



683. Tutung atahan.

Hartina :
Mun ngeunaan pagawéan atawa jijieunan : hadé sawaréh.
Mun ngeunaan pangarti : aya nu apal, aya nu henteu, atawa aya nu bisa, aya nu henteu.



684. Nuturkeun indung suku.

Hartina : Leumpang sakaparan-paran.



685. Bilih aya tutus bengkung.

Hartina : Bilih lepat pokpokanana.



686. Lungguh tutut.

Hartina : Siga lungguh, tapi ari saenyana mah henteu.



687. Tuang jinis.

Hartina : Seuri mani akey-akeyan ku lulucon anu sorangan, tapi babaturan mah marolongo bae da teu ngalartieun.



688. Noong ka kolong.

Hartina : Leutik haté, leutik pangharepan.



689. Sawaja sabeusi.

Hartina : Sarua ménakna atawa beungharna. Ngeunaan ka nu laki-rabi.



690. Kawas wayang pangsisina.

Hartina : Goréng rupana. Ngeunaan ka jelema.



691. Diwayangkeun.

Hartina : Remen dicaritakeun kahadéanana atawa kagorénganana ka jalma loba.



692. Nyukcruk walungan, mapay-mapay wahangan.

Hartina : Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur; imeut pisan ti bapa ka aki jeung saterusna.



693. Atah warah.

Hartina : Kurang atikan (didikan).

Cirina : Dusun. Basa jeung paripolahna loba nu salah.



694. Asak warah.

Hartina : Cukup atikan (didikan).

Cirina : Henteu dusun, basa jeung paripolahna merenah euweuh nu salah.



695. Waspada permana tingal.

Hartina : Bisa nyaho kana naon-naon anu tacan atawa arék kajadian.



696. Wawuh munding.

Hartina : Ngan ukur wawuh meueusan. Di jalan mah sok silih tanya, tapi teu nyaho di ngaranna atawa tempatna.



697. Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang.

Hartina : Balukarna henteu wawuh atawa henteu loma, tangtu pajauh atawa paanggang, henteu raket, teu medok sosobatan, teu silih tulungan atawa silib béréan. Hadéna mah sabalikna, sing wawuh jeung sing loma, sabab balukarna hadé pisan : Jadi sobat anu medok pisan, nepi ka silih tulungan, silih belaan dina aya bancang-pakéwuh.



698. Weruh sadurung winarah.

Hartina : Bisa nyaho kana naon-naon anu tacan atawa arék kajadian, saméméh aya anu, mapatahan atawa ngajar.



699. Wong becik ketitik, wong ala ketara.

Hartina : Kahadéan atawa kagoréngan urang teu bisa disumputkeun dibuni-buni, awal-ahir bakal nembrak katémbong. Ieu téh pépéling, supaya urang nunda laku-lampah anu salah.



700. Wong asih ora kurang pangalem, wong sengit ora kurang panyacad.

Hartina : Nu keur nyaah, deudeuh, moal kurang pijalaneunana enggoning némbongkeun kanyaahna atawa kadeudeuhna, naha ku omongan atawa ku barang.

Sabalikna; nu keur ambek atawa ngéwa, moal kurang pijalaneunana enggoning nembrakkeun kakeuheulna atawa kangéwana.
Bookmark and Share


Artikel Terkait: