100 Ucapan Paribasa jeung Babasan Sunda Jeung Hartina Bagean ka-1

Koleksi lengkep bahasa Sunda Paribasa jeung Babasan

Paribasa Jeung Babasan Sunda Bagean 1

Di handap ieu Paribasa jeung Babasan Sunda Bagean ka-1:
1. Adam lali tapel.
Hartina : Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.

2. Adat kakurung ku iga.
Hartina : Adat téh hésé digantina.

3. Adéan ku kuda beureum.
Hartina : Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakéan batur.

4. Adigung-adiguna.
Hartina : Gedé hulu, boga rasa leuwih ti batur. Kaciri dina laku-lampahna jeung omonganana.

5. Ajak Jawa.
Hartina : Ngajak anu henteu saenyana, henteu terus jeung haté, ngan ukur papaés baé, supaya ngeunaheun batur. 

6. Ngajul bulan ku asiwung = Mesék kalapa ku jara.
Hartina : Usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil.

7. Ngadu angklung di pasar.
Hartina : Papaduan nguruskeun nu euweuh mangpa'atna di hareupeun jalma loba.

8. Ngadu-ngadu rajawisuna.
Hartina : Mawakeun omongan si A ka si B, ogé carita si B dipupulihkeun ka si A. Temahna si A jeung si B téh paraséa, paréa-réa beunang jeung paréa-réa omong.

9. Ngagulkeun payung butut.
Hartina : Ngagulkeun luluhur sorangan.

10. Aya astana sajeungkal.
Hartina : Anu mustahil ogé bisa kajadian. Upamana budak leutik kénéh geus maot, sabab sasarina mah nu geus kolot pisan anu maot téh jst.

11. Aya jalan komo meuntas.
Hartina : Eukeur mah aya maksud, turug-turug aya pilantaraneunana.

12. Aya bagja teu daulat.
Hartina : Arék meunang bagja atawa kauntungan, tapi teu tulus.

13. Aya peurah.
Hartina : Aya komara, aya harga, aya pangaji.

14. Ayakan tara meunang kancra.
Hartina : Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung pangasilanana.

15. Akal koja.
Hartina : Pinter dina kagoréngan atawa kajahatan.

16. Mun teu ngakal, moal ngakeul.
Hartina : Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.

17. Aku panggung.
Hartina : Daréhdéh jeung méré mawéh, ngan hanjakal ku ieu aing, asa pangpunjulna, pangbeungharna jst.

18. Aku-aku angga.
Hartina:
Ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda.
Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng kalawan aya pangarahan, mamrih kahormatan atawa kauntungan.

19. Aki-aki tujuh mulud.
Hartina : Lalaki nu geus kolot pisan.

20. Alak paul.
Hartina : Tempat anu lain di kieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.


21. Alak-alak cumampaka.
Hartina :
1. Resep jeung hayang dipuji ku batur, boga rasa pangpunjulna.
2. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulia jst.

22. Teu puguh alang-ujurna.
Hartina : Teu puguh éntép-seureuhna. Teu bérés. Lain kitu kuduna.

23. Alus panggung (Alus laur) = Alus laur, hadé omé.
Hartina : Tegep dedeg pangadegna.

24. Ambek nyedek, tanaga midek.
Hartina : Ari napsu pohara gedéna, ngan jakal teu kaanteur ku tanaga, ma'lum geus ropoh.

25. Seukeut ambeu, seukeut panon.
Hartina : Loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara, nepi ka perkara nu kumaha baé ogé bisa kabongkar. Ieu téh ngeunaan ka pulisi.

26. Teu diambeuan.
Hartina : Teu dipikasérab, teu dipikasieun.

27. Dipiamis buah gintung.
Hartina : Disangka hadé jeung bageur, tapi buktina goréng, jeung jahat.

28. Anak emas.
Hartina : Budak atawa kolot nu kacida dipikanyaahna. Teu kudu ku indung-bapana baé; bisa ogé ku dununganana.

29. Anak mérak kukuncungan.
Hartina : Sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadéna, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.

30. Anak puputon.
Hartina : Anak nu kacida didama-damana; nu pohara dipikanyaahna.

31. Anjing ngagogogan kalong.
Hartina : Mikahayang nu lain-lain, anu pamohalan pilaksanaeun.

32. Nulungan anjing kadempét.
Hartina : Nulungan jalma nu teu boga pisan rasa tumarima.

33. Beuteung anjingeun.
Hartina : Ngeunaan ka jelema anu beuteungna cara beuteung anjing. .

34. Tikoro andon peso.
Hartina : Ngadeukeutan jalma anu bakal ngahukum atawa nganyényeri ka diri urang.

35. Paanteur-anteur julang.
Hartina : Silih anteur maké aya dua tilu kalina.

36. Aub payung, sabet sapon, sabasoba.
Hartina : Wewengkon, ngeunaan tanah.

37. Ngadaweung ngabangbang areuy.
Hartina : Pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.

38. Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed.
Hartina : Ari umur geus luhur, tapi haté ngongoraeun kénéh.

39. Asa ditonjok congcot.
Hartina : Meunang kabungah anu gedé, anu saenyana teu diarep-arep.

40. Asa nanggeuy endog beubeureumna.
Hartina : Kacida nyaahna.

41. Asa potong leungeun katuhu.
Hartina : Leungiteun jelema anu pohara hadé gawéna.

42. Asa tungkeb bumi alam.
Hartina : Rarasaan jelema anu pohara bingungna, nuju poék mongkléng pipikiranana.

43. Henteu asa jeung jiga.
Hartina : Teu asa-asa. Teu asa ka deungeun-deungeun, tapi asa ka dulur baé, ku lantaran geus lila babarenganana.

44. Tamplok aseupan.
Hartina : Nurun sagemblengna ka anak, boh dedeg pangadegna, boh tingkah polahna.

45. Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha.
Hartina : Nu hadé jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa kalakuan anu goréng.

46. Ngaliarkeun taleus ateul.
Hartina : Ngabéja-béjakeun kagoréngan atawa kajahatan anu lian.

47. Ati mungkir, beungeut nyanghareup.
Hartina : Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu. Siga nyaah, tapi henteu jeung saterusna.

48. Ati putih, badan bodas.
Hartina : Bérésih haté, teu aya geuneuk-maleukmeuk.

49. Ngacak ngebur.
Hartina : Rek maké naon baé ogé bisa, da geus aya jeung geus sadia.

50. Awak sabeulah.
Hartina : Teu rimbitan, mun ninggang di awéwé teu boga salaki, mun ninggang di lalaki teu boga pamajikan.

51. Awak sampayaneun.
Hartina : Maké pakéan nu kumaha baé ogé, katénjona pantes atawa lucu baé.

52. Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam.
Hartina : Ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang dipuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya.

53. Sentak badakeun.
Hartina : Teu ceehan dina digawé. Dina mimiti mah pohara getolna, tapi beuki lila, beuki ngedul, tungtungna pagawéan téh diantep teu dipigawé pisan.

54. Cara badak Cihéa.
Hartina :
1. Leumpangna nyuruntul baé.
2. Lamun papanggih di jalan, tara nanya-nanya acan.

55. Belang bayah = Gindi pikir belang bayah
Hartina : Boga pikiran goréng ka pada kawula.

56. Ka bala, ka balé.
Hartina : Bisa nyaluyukeun diri di tempat mana baé, atawa jeung jelema nu kumaha baé.

57. Balég tampelé.
Hartina : Ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana, gedé kénéh kaéra.

58. Bali geusan ngajadi.
Hartina : Tempat dilahirkeun.

59. Babalik pikir.
Hartina : Tadina goréng ayeuna mah jadi hadé. Tadina ngedul, ayeuna mah jadi getol jst.

60. Balik ngaran.
Hartina : Ngadon maot di lembur batur. Nu balik téh lain jelemana, tapi ngaranna wungkul.

61. Balung kulit, kotok meuting.
Hartina : Teu eureun-eureun nyeri haté ti baheula nepi ka kiwari.

62. Balungbang timur, caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan.
Hartina : 1. Béak karep ku rido. 2. Bérésih haté.

63.. Banda tatalang raga.
Hartina : Lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upamana, euweuh halanganana urang ngajual barang nu aya pikeun ngabdla diri, meuli ubar sangkan waras.

64. Kacanir bangban
Hartina: Meunang wiwirang = Kawiwirangan

65. Hirup ngabangbara
Hartina: Ari tempat pikeun matuh mah leutik tur teu tumaninah, tapi lamun kaluar ti imah ginding, teu éléh ku batur.

66. Kahieuman bangkong
Hartina : Ku lantaran mangnyimpenkeun barang batur, nepi ka jiga nu beunghar.

67. Kawas bangkong katuruban batok.
Hartina: Bodo katotoloyoh, euweuh pisan kanyaho.

68. Ngabuntut bangkong
Hartina :
Ku lantaran teu nyaho bener kana perkarana atuh teu bisa terus nyaritakeunana.
Teu sanggup migawé hiji pagawéan nepi ka anggeusna

69. Banteng ngamuk, gajah méta.
Hartina: Naon baé atawa saha baé anu dipikasieun ku urang.

70. Sakaru-kuru lembu, saregéng-regéng banténg.
Hartina : Samiskin-miskinna ogé pangagung mah tangtu baé moal miskin cara somah nu teu boga.

71. Bancang pakéwuh.
Hartina: Kasusah atawa karerepet. Sasarina mah ngeunaan kasusah atawa karerepet anu galedé baé.

72. Batu turun, keusik naék.
Hartina : Loba turunan ménak anu teu jareneng, tapi sabalikna loba turunan somah anu jareneng.

73. Gurat batu.
Hartina: Pageuh jangji, tara ngarobah naon baé anu geus dipasinikeun.

74. Batok bulu eusi madu.
Hartina:
Nyolong bade, teu cocog jeung taksiran. Siga miskin, tapi beunghar. Siga bodo, tapi pinter jst.
Ari nilik kana rupana mah goréng éta jelema téh, ngan haténa jeung uteukna mah hadé.

75. Kurung batok­
Hartina : Teu resep nyanyabaan, ni'mat cicing di imah baé.

76. Tamplok batokeun
Hartina : Teu bisa nyésakeun rejeki; sabaraha sabaraha ogé béak-béak baé.

77. Ulah kabawa ku sakaba-kaba.
Hartina : Ulah kabawa ku nu teu paruguh, maksudna : kabawa ku jurig, dedemit jst.

78. Ambekna sakulit bawang.
Hartina : Gampang pisan ambek.

79. Dibéjér-béaskeun.
Hartina : Ditérangkeun kalawan eces pisan­

80. Totopong heureut dibébér-bébér, tangtu soéh.
Hartina: Nyukupkeun ku pangala nu sakitu saeutikna. Tangtu baé matak jadi kasusahan, Iamun rejeki atawa pangala ngan saeutik, ari kaperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.

81. Jauh ka bedug.
Hartina : Dusun, bodo, euweuh kanyaho.

82. Béngkok tikoro.
Hartina : Ku lantaran aya halangan, rejeki anu geus nyantong ogé, euweuh deui.

83. Ngijing sila, béngkok sembah.
Hartina : Goréng haté, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan

84. Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok.
Hartina : Babarengan hina, cilaka atawa rugi.

85. Keur nuju béntang surem.
Hartina : Keur sué, atawa tiis badan; lamun guna-tani ku hama jeung lamun dagang terus-terusan rugi baé.

86. Meubeut meulit.
Hartina : Mamawa.

87. Teu mais teu meuleum.
Hartina : Teu aya patalina pisan.

88. Kandel kulit beungeut.
Hartina : Euweuh kaéra.

89. Mindingan beungeut ku saweuy.
Hartina : Ari haté goréng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan haté anu goréng tea, maksudna: supaya ulah kaciri.

90. Ulah beunghar méméh boga.
Hartina : Ulah adigung nyéta-nyéta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.

91. Beurat nyuhun, beurat nanggung, beurat narimakeun inya.
Hartina: Pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan. Anging Gusti anu tingali.

92. Lain ka tulang munding kabeureuyan mah, ku cacuk peda.
Hartina : Arék cilaka mah ku kasalahan anu leutik ogé bisa, teu kudu kasalahan anu gedé baé.

93. Beureum paneureuy = Seuseut batan neureuy
Hartina : Hésé pisan (seuseut-seuat) ngahasilkeun maksud.

94. Teu nyaho di alip bingkeng.
Hartina : Bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.

95. Beurat birit.
Hartina : Hésé jeung sungkan dititah.

96. Hampang birit.
Hartina : Gampang jeung daékan dititah.

97. Ngusap birit, bari indit.
Hartina : Ku lantaran ambek nyedek atawa éra parada, 1eos baé indit, teu amit heula ka nu araya di dinya.

98. Biwir nyiru rombéngeun.
Hartina : Resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.

99. Biwir sambung lémék, suku sambung lengkah.
Hartina : Henteu milu-milu kana tanggung­jawabna mah; ieu mah ngan saukur mangnepikeun; dumeh jadi utusan, ngemban timbalan nu lian.

100. Bobo sapanon, carang sapakan.
Hartina : Aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
Peun heula ieu 100 Ucapan Paribasa jeung Babasan Sunda Bagean ka-1. Diteraskeun kana halaman salajeungna dina ieu situs.