Upacara Adat Sunda Paturay Tineung

Upacara adat sunda Paturay Tineung tos janten tradisi taunan di satiap sakola dina raraga ngaleupas siswa atawa murid anu bakal kaluar di taun eta. Umumna acara ieu jadi momen anu teras diinget jeung mangrupikeun wejangan ti guru ka para muridna.

Kangge nyukseskeun acara budaya sunda Paturay Tineung biasana pelatih event milari referensi tina sagala rupi media anu mangrupikeun puisi, sajak, lagu sunda jeung sajabana. Postingan ieu kangge saderek anu milarian contoh upacara budaya sunda Paturay Tineung.

Di handap ieu Conto Upacara Adat Sunda Paturay Tineung pelepasan siswa sareng kenaikan kelas di sakola, SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA.

Narator bubuka :
Kum……..asalamualaikum
Sampurasun kanu ngariung
Neda widi kanu linggih
Seja mirig nu sumping
Kemprang mapag nu datang
Binarung kasinugrahaan
Dina rinekna budaya sunda

1.    Gending bubuka
2.    Guruh
Narator:
            nitih wanci nu mustari
Ninggang mangsa nu utama
Mangsana bade paturay
Sapu nyere pegat simpay
Pacampur suka jeung duka
Pagalo seneng jeung lewang
Sdn…………….nu urang
Ngbralkeun nu rek amitan
Nu tamat lalakon leumpang
Duh kedal lisan pileuleuyan
Sumangga urang rampes kasumpinganana
Siswa-siswi nu rek amitan

3.    Ki lengser midang
4.    Pager ayu jeung payung agung
Narator:
            bandera papayung agung
Temen deudeuh pangbagea
Dipapag ku aki lengser
            di ibingan digendingan payung agun
            haturan anaking geura lalinggih
            hung……hung……ahung

5.    Jajap siswa siswi kelas……
Narator:
            haturan jimat anaking
            hidep anu dianti-anti
            yap sumangga lenggah
            …………………………………………….
            mana siswa anu karasep the
            mana siswi anu garelis the
            kupalinter hidep the anaking
            jeung garagah deui…………….
            bubuhan titisan tiluhurna
            …………………………………………………
            kentel peujit balas peurih
            kuru cileuh balas maca
            arasak tapak……………………….
            geura tampa pangbagea
            tina jadi sepuh
            yap anaking
            urang bageakeun
            urang kangkalungan
            kumedali sinangling ati
            …………………………………………………
.
6.    Acara sungkeman
Narator:
Kasep ……..geulis amaking
Dipayun hideup parantos calik bapak kepala sekolah miwah ibu guru nu maksadna bade ngadugikeun kanyaah sareng ka asih ka hidep nu mangrupi piwejang

Kieu kasep…….geulis anaking
Bagea anaking bagea……….poe ieu kabungah bapak miwah ibu sadaya tembus ka langit katujuh, parat ka congka rasa …………….rehna hidep sakola ges rengse.
Jalan panjang nu baris di sorang geus nampeu di hareupeun hidep……bral geura miang, dimimitian ku ngucapkeu………… bismilah, bari dibarengan ku niat hate nu beresih tur suci.

Omat anaking ………………..
Hahalang jeung tantangan………….tapi sok sanajan kitu……..omat hideup ulah geumpeur jeung galindeur……….malah mah kudu jadi pecut pikeun ngudag sarta ngahontal cita-cita. Lamun hidep tetep panceg istiqomah di jalan allah ,,,,,,,,,,,,,insa allah bakal sanggup nyanghareupanana.

Kasep………..geulis anaking
Pamungkas samemeh hideup ngalengkah …………….ninggalkeun ieu sakola……..peupeujeuh hidep kudu yakin yen ilmu anu di pimilik ku hidep the bakal bisa nangtukeun luhur handapna darajat hideup ……………..
Bral ……………….geura miang kubapa miwah ibu di duakeun ………………………..
Ya allah ………………… ya robbi
Abdi titip ieu murangkalih …………..mugia aranjeuna dina nyiar elmu jeung panemu sing aya dina mungguh allah , mulia dina pandanngan papada manusa ……………….amin.

Kasep………geulis anaking
Sok ………ngdeug heula……….geura teuteup raray bapa sareng ibu nu parantos ngadidik sareng ngaping hidep salami 3 taun……………………dibarengan ku hate jumerit ka allah kalayan nyuhunkeun bdi hapunten tina sagala dosa……………….
Sok duaan sungkem ka bapak sareng ka ibu………………..

Bapak……………ibu hapunten abdi. Abdi rumaos seueur nyesahkeun , rumaos seueur ngadamel kalepatan. Sok ngeselkeun .
Rumaos tara tumat kana parentah bapa sareng ibu ……………….
Salami 3 taun abdi dididik, di aping ku bapak sareng ibu……………..
Dinten ieu abdi sareng rerencangan bade permios, seja ngantunkeun ieu sakola ……….. Du’akeun abdi sadaya supados tiasa na hasil cita-cita.
……………………………………………………………………………………….....
…………………………………………………………………………………………..
Bagea naking ku bapa sareng ibu teu weleh di hampura………… sadaya kalepatan hideup …bapak sareng ibu guru ngan ukur ngajurung ku du’a bral hideup geura miang…………………..geura tandang makalang………………………………….

Sumanggga ngadeg deui . Ayeuna uranng teraskeun kana acara ……………………………………………
.
7.    Ngaleupaskeun japati ( symbol pelepasan siswa – siswi )
Narator:
            kasep geulis jimat anaking
Dinten ieu bapak miwah ibu guru
Bade ngaleupas hidep sacara resmi ku symbol manuk japati

Kasep……geulis jimat anaking
Jejeg panceg  ….. Taun lamina
Ngarandapan suka jeung duka
Di asih, di asuh, ku bapak sareng ibu guru
Kiwari cunduk waktuna
Mungkas lalakon sakola di ……………….
Geura hontal cita –cita
Sumangga urang ngaos du’a sasarengan………………………
………………………………………………………………………..

Bismillahirrohmanirohim………………………………
Bismikatawakaltualallah………lahaola walakuata illabillahil aliyil      adzim……..
Bral……………………..bral ……………. Miang……

 Baca oge: Puisi Pangjajap pikeun siswa
Hiji dui rentetan kata anu sae Pidato pesan guru saat perpisahan. Arti paturay tineung dalam bahasa sunda bermakna "perpisahan".