Pepeling Ati

Rasa hariwang jeng honcewang nu terus ngancik dina ati

Tagiwur na hate awor jeng rasa honcewang tur hariwang

Ingis ku bisi rempan ku sugan nu nyaliara dina manah

Ratugna jajantung marengan rasa was-was tur rempan

hirupna- huripna nu karandapan ,nu karasa jeng nu ka,alaman ngan ukur bangbaluh nu di gugulung ,karempan nu kaalaman te woleh nguntit dina diri

gubrag kaiyeu dunya lain kahayang ,tapi nugraha ti nukawasa sangkan ibadah tur pengkuh nyekel amanah

hiji-hiji di itung ti mimiti netepan tur dugi kana amalan estu taya nu kaliwat ,subhanaloh rumasa diri kotor tur taledor estu datang na berang ngan kur di pake gagabah ,sumping peuting teu di pake eling, nyata ngan di pake awuntah

dunya barana nu di pibanda anak katut kulawarga ngan ngajadiken hiji papaes kahirupan anu ngan saukur sakeuderan

sakapeung kamalinan tur kajongjonan alatan di ayun ambing ku papaesna dunya ,nepi kacan apal jalan ker mulang ka sarakan nu bakal papanjangan

kahariwang ,karempan sok ingis te bisa ngarahken pangwelah rasa tagiwur trur ti gejebur ka jalan kamaksiatan

jelas nyata tur karasa, saestuna alooh te ngarobah kaayaan hiji kaum,nepi ka manehna ngarobah kana ka,ayaan nu aya dina dirina sorangan { AR-RA’D:11}

Hai jelema nu iman, raksa diri anjen jeung kulawarga anjen tina panasna seuneu jahanamiah anu suluhna ku manusa jeng batu sarta di jaga ku malaikat nu kasar ,nu te doraka ka alooh,jeng teu mungpang kanu di parentahaken {QS.AT TAHRIM:6}

prak geura ngadua ka pangeran anjeun kalawan handap asor{depe-depe} jeng sora nu halon,saestuna alooh teu mikaresep jalma-jalma nu kaleuleuwihi prak geura ngadu’a anjen kalawan rasa sien {moal ditarima} jeng harepan bakal di{tedunan}. {al a’raaf:55, 56}

jeng kami baris nguji ka aranjen ku hal-hal anu goreng jeung ku hal-hal anu hd minangka cocoba {al anbiya :35}