--> Aswan Blog™: Pepeling Kolot | Aswan Blog Berbagi Ilmu dan Pengalaman

Berbagi ilmu dan pengalaman

Tampilkan postingan dengan label Pepeling Kolot. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Pepeling Kolot. Tampilkan semua postingan

Senin, 21 Juni 2021

no image

Papatah Basa Sunda Kolot Baheula | Pepatah

Papatah Basa Sunda Kolot Baheula | Pepatah
Patali Jeung Sasama Mahluk
  • Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek (Trust ngak boleh korupsi, maling, nilep, dlsb… kalo mo ngambil sesuatu harus seijin yg punya).
  • Sacangreud pageuh sagolek pangkek (Commitment, menepati janji & consitent).
  • Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina (integrity harus mengikuti etika yang ada)
  • Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang (communication skill, berbicara harus tepat, jelas, bermakna.. tidak asbun).
  • Kudu hade gogod hade tagog (Appearance harus dijaga agar punya performance yg okeh dan harus consitent dengan perilakunya –> John Robert Power melakukan training ini mereka punya Personality Training, dlsb).
  • Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh (harus saling mencintai, memberi nasihat dan mengayomi).
  • Pondok jodo panjang baraya (siapapun walopun jodo kita tetap persaudaraan harus tetap dijaga)
  • Ulah ngaliarkeun taleus ateul (jangan menyebarkan isu hoax, memfitnah, dlsb).
  • Bengkung ngariung bongok ngaronyok (team works & solidarity dalam hal menghadapi kesulitan/ problems/ masalah harus di solve bersama).
  • Bobot pangayun timbang taraju (Logic, semua yang dilakukan harus penuh pertimbangan fairness, logic, common sense, dlsb)
  • Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang (Vision, Mission, Goal, Directions, dlsb… kudu ada tujuan yg jelas sebelum melangkah).
  • Kudu nepi memeh indit (Planning & Simulation… harus tiba sebelum berangkat, make sure semuanya di prepare dulu).
  • Taraje nangeuh dulang pinande (setiap tugas harus dilaksanakan dengan baik dan benar).
  • Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian (jangan berebut kekuasaan).
  • Ulah ngukur baju sasereg awak (Objektivitas, jangan melihat dari hanya kaca mata sendiri).
  • Ulah nyaliksik ku buuk leutik (jangan memperalat yang lemah/ rakyat jelata)
  • Ulah keok memeh dipacok (Ksatria, jangan mundur sebelum berupaya keras).
  • Kudu bisa kabulu kabale (Gawul, kemana aja bisa menyesuaikan diri).
  • Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih (Research & Development, Ngulik, Ngoprek, segalanya harus pakai akal dan harus terus di ulik, di teliti, kalo sudah diteliti dan dijadikan sesuatu yang bermanfaat untuk kehidupan).
  • Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok (Persistent, keukeuh, semangat pantang mundur).
  • Neangan luang tipapada urang (Belajar mencari pengetahuan dari pengalaman orang lain).
  • Nu lain kudu dilainkeun nu enya kudu dienyakeun (speak the truth nothing but the truth).
  • Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan(saling bekerjasama membangun kemitraan yang kuat).
  • Ulah taluk pedah jauh tong hoream pedah anggang jauh kudu dijugjug anggang kudu diteang (maju terus pantang mundur).
  • Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak (Kompak/ team work).
    dlsb
Papatah anu sanesna Papatah Kolot Baheula 2
  • Mulih kajati mulang kaasal (semuanya berasal dari Yang Maha Kuasa yang maha murbeng alam, semua orang akan kembali keasalnya).
  • Dihin pinasti anyar pinanggih (semua kejadian telah ditentukan oleh Yang Maha Kuasa yang selalu menjaga hukum-hukumnya).
  • Melak cabe jadi cabe melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade melak goreng jadi goreng (Hukum Yang Maha Kuasa adalah selalu menjaga hukum-2nya, apa yang ditanam itulah yang dituai, kalau kita menanam kebaikan walaupun sekecil elektron tetep akan dibalas kebaikan pula, kalau kita menanam keburukan maka keburukan pula yg didapat…. kira-2 apa yang sudah kita tanam selama ini sampai-2 Indonesia nyungseb seeeeeb ;))? )
  • Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna (Gunakan akal dalam melangkah, buat apa Yang Maha Kuasa menciptakan akal kalau tidak digunakan sebagai mestinya).
  • Nimu luang tina burang (semua kejadian pasti ada hikmah/ manfaatnya apabila kita bisa menyikapinya dengan cara yang positive).
  • Omat urang kudu bisa ngaji diri (kita harus bisa mengkaji diri sendiri jangan suka menyalahkan orang lain)
  • Urang kudu jadi ajug ulah jadi lilin (Jangan sampai kita terbakar oleh ucapan kita, misalnya kita memberikan nasihat yagn baik kepada orang lain tapi dalam kenyataan sehari- hari kita terbakar oleh nasihat-2 yang kita berikan kepada yang lain tsb, seperti layaknya lilin yang memberikan penerangan tapi ikut terbakar abis bersama api yang dihasilkan).
    dlsb.
  • Gunung teu meunang di lebur, sagara teu meunang di ruksak, buyut teu meunang di rempak (Sustainable Development ~ Gunung tidak boleh dihancurkan, laut tidak boleh dirusak dan sejarah tidak boleh dilupakan… harus serasi dengan alam.).
  • Tatangkalan dileuweung teh kudu di pupusti (Pepohonan di hutan ituh harus di hormati, harus dibedakan istilah dipupusti (dihormati) dengan dipigusti (di Tuhankan) banyak yang salah arti disini).
  • Leuweung ruksak, cai beak, manusa balangsak (hutan harus dijaga, sumber air harus dimaintain kalo tidak maka manusia akan sengsara).
    dlsb.
Bilih aya basa atanapi kata anu teu kahartos dina runtuyan papatah kolot diluhur tiasa dibantos ku kamus sunda anu paling lengkep.
Sumber: Papatah Kolot (Pepatah Orang Tua) beredar di kampung-2 adat Sunda, dlsb.
Baca juga tulisan menarik tentang kebahasaan di situs ini terkait kumpulan pepatah bahasa Melayu lawas.

Rabu, 04 Oktober 2017

no image

Kumpulan Istilah Sunda Kekembangan Jeung Anak Sasatoan

Anda orang sunda perlu mengetahui bendahara bahasa yang kaya dengan filosofi budaya serta sastra. Terlebih dalam ungkapan nama lain dalam istilah Sunda begitu banyak makna dari beberapa gabungan 2 kata atau lebih. Bunga yang dalam bahasa sundanya kembang dapat mewakilkan beberapa arti kata bila digabung dengan kata lain yang terhubung dengan pohon atau buah-buahan.

Kumpulan kata istilah yang kedua berkaitan dengan anak berhubungan dengan hewan, maka memiliki nama lain dalam bahasa Sunda. Bendahara kata sunda nama anak hewan ini dapat menjadi referensi pengetahuan memahami kalimat buhun yang diungkapkan dalam sastra atau pepatah orang tua tempo dulu.

Berikut merupakan kumpulan istilah dalam bahasa sunda tentang Kempelan istilah kekembangan dina basa sunda
Istilah Sunda Kembang Awi artinya = eumbreuk
Istilah Sunda Kembang Bako artinya = bosongot
Istilah Sunda Kembang Bawang artinya = ulated
Istilah Sunda Kembang Cabè artinya = bolotot
Istilah Sunda Kembang Cau artinya = jantung
Istilah Sunda Kembang Cèngèk artinya = mèncèngès
Istilah Sunda Kembang Cikur artinya = jelengut
Istilah Sunda Kembang Eurih artinya = ancul
Istilah Sunda Kembang Gedang artinya = ingwang
Istilah Sunda Kembang Gènjèr artinya = gèlènyè
Istilah Sunda Kembang Hoè artinya = bubuay
Istilah Sunda Kembang Honjè artinya = combrang
Istilah Sunda Kembang Jambè artinya = mayang
Istilah Sunda Kembang Jambu Aer artinya = lumenyap
Istilah Sunda Kembang Jarak artinya = uing
Istilah Sunda Kembang Jèngkol artinya = mèrèkènyènyèn
Istilah Sunda Kembang Jeruk artinya = angkruk
Istilah Sunda Kembang Kadu artinya = olohok
Istilah Sunda Kembang Kalapa artinya = suligar
Istilah Sunda Kembang Kaso artinya = ciriwis
Istilah Sunda Kembang Laja artinya = jamotrot
Istilah Sunda Kembang Limus artinya = seleksek
Istilah Sunda Kembang Muncang artinya = rinduy
Istilah Sunda Kembang Pandan artinya = pudak
Istilah Sunda Kembang Parè artinya = ringsang
Istilah Sunda Kembang peuteuy artinya = pendul
Istilah Sunda Kembang Salak artinya = gojod
Istilah Sunda Kembang Sampeu artinya = dingdet
Istilah Sunda Kembang Taleus artinya = ancal
Istilah Sunda Kembang Tangkil artinya = uceng
Istilah Sunda Kembang Tèrong artinya = moncorong
Istilah Sunda Kembang Waluh artinya = alewoh
Berikut merupakan kumpulan istilah dalam bahasa sunda tentang Kempelan istilah nami anak sato dina basa sunda
Anak Anjing artinya = kirik
Anak Bagong artinya = bebenjit/bedul/begu
Anak Bandeng artinya = nènèr
Anak Bangbung artinya = kuuk
Anak Bangkong artinya = buruy
Anak Bantèng artinya = bangkanang
Anak Belut artinya = kuntit
Anak Beurit artinya = buncit
Anak Bogo artinya = cingok
Anak Buhaya artinya = bocokok
Anak Deleg artinya = boncèl
Anak Embè artinya = cemè
Anak Entog artinya = titit
Anak Gabus artinya = deleg
Anak Gajah artinya = mènèl
Anak Hayam artinya = ciak
Anak Japati artinya = piyik
Anak Kancra artinya = badal
Anak Keuyeup artinya = boncèrèt
Anak Kuda artinya = belo
Anak Kukupu artinya = hileud
Anak Kutu artinya = balagendir
Anak Kutu nu leutik keneh artinya = kuar
Anak Lancah artinya = aom
Anak Lauk artinya = burayak/berenyit
Anak Lèlè artinya = nanahaon
Anak Lubang artinya = leungli
Anak Maung (bikang) artinya = juagö
Anak Maung (jalu) artinya = aum
Anak Meri artinya = pitik
Anak Monyèt artinya = begog
Anak Munding artinya = ènèng
Anak Reungit artinya = utek-utek
Anak Sapi artinya = pedèt
Anak Ucing artinya = bilatung

Mari kita lestarikan bendahara basa Hayu wang pupusti ku sadayana anu mangrupi kabeungharan budaya. Istilah dina bahasa warisan karuhun mudah-mudahan tiasa langgeng henteu dugi ka tumpur tingaleun ku zaman. Pamugi ieu teu ngan saukur ngabejaan bulu bitis tapi tiasa janten referensi tambihan dina kamus sunda nu diungkap dina situs blog pribadi ieu.

Sabtu, 11 April 2015

no image

Ulah Waswas Tong Hariwang | Puisi Sunda

Puisi bahasa sunda di handap ieu judulna "Ulah Was-was Tong Hariwang". Karya sastra ieu masihan pepeling pikeun nu maca yen dina hirup urang teu kedah sedih malah mandar dugi ka was-was jeung hariwang, saupami ngagaduhan iman anu kiat.
Pesan harti anu didugikeun tina ieu puisi Sunda minangka pangbeberah pikeun batur anu keur dipaparin musibah tinu Maha Kawasa. Sing sabar jeung ikhlas dina mayunan kahirupan, cocoba, musibah anu keur dilakonan.
Ieu puisi bahasa Sunda judulna ULAH WAS-WAS TONG HARIWANG, Karya Aswan :

Anu hatena ngolembar, waswas hamham tara sabar,
caang pikir sagebrayan, gancang leumpang rurusuhan.

Reup deui poek meredong, utag-atog rarang-rorong,
jen ngajentul mandeg mayong, paningalna jadi lolong.

Lolong teh lolong batinna, torek teh torek rasana,
musna rasa manusana, nu kitu kapir ngaranna.

Nu matak ulah rek hamham, sabab matak ipis iman,
ulah waswas ragu-ragu, mandeg mayong mundur maju

Nah eta puisi Sunda singkat anu judulna Ulah Waswas Tong Hariwang .......Contoh Puisi Sunda anu sanesna aya dina koleksi situs anu nuju diaos ku baraya ieu.
no image

Puisi Bahasa Sunda

Postingan di handap mangrupikeun puisi basa sunda anu teu acan aya judulan. Bilih baraya bade masihan judul mangga dihaturanan. Paling henteu tiasa digambarkeun yen ieu puisi Sunda ngagambarkeun katineung hate rek papisah jeung batur atanapi balad anu bakal miang angkat.

Saha anu nuju milari contoh puisi bahasa Sunda kanggo koleksi atanapi tugas sakola, tulisan di handap tiasa janten referensi rujukan anu tiasa dicandak atanapi disalin kana seratan tulisan salira. Namung bilih aya nu sesah ngopi kalimat kata-kata puisi Sunda mangga buka wae dina gadget smartphone atanapi ngangge tool berlangganan.

Galindengna hate kalam illahi
Mapaler hate nu cape
Ngupahan manah nu susah
Rembes nembus kana sanubari
Sumarambah kana bayah
Sumeleket kana hate
Nyaliara minuhan awak
-----------------------------------------------------
-----------------------------------------------------
Dangding Al-Baqoroh nu lantip
Mapaesan galura rasa wangkid harita
Tetela mampu meper rongkahna
Hujan kapeurih Jeung ratugana jajantung
Nu datang teu di sangka-sangka
Palangsiang nu harita anjeun terus amitan
-----------------------------------------------------
-----------------------------------------------------
Kiwari.....
Malati nuligar na ati
Campaka nu mangkak na dada
Milu nyakseni pancegna
Kaputren kabagjaan
Mapaesan taman hate
Nyalinglapkeun hujan kapeurih Warsa kiwari
-----------------------------------------------------
-----------------------------------------------------

Bilih aya nu sesah dina nerjemahkeun seratan anu ditulis ku bahasa Sunda mangga tiasa dibantos nganggo kamus bahasa Sunda mung dina situs pribadi aswanblog berbagi ilmu dan pengalaman sehari-hari.
Ka para wargi anu palay maos artikel basa sunda anu sanesna mangga klik Artikel Bahasa Sunda

Rabu, 11 Februari 2015

no image

Bral Geura Miang (Puisi Pangjajap Guru keur Siswa Sakola)

Seratan ieu mangrupikeun puisi basa sunda ngeunaan puisi pangjajap keur siswa anu bade miang atanapi ngantunkeun sakola. Judulna Bral Geura Miang anu pihartoseuna mangga ngantunkeun tempat diajar anu salami ieu biasa ngumpul ngariung sangkan teras nyaah tur emut bae.

Saupami eta puisi sunda di handap dibacakeun kalawan hate ikhlas, ditambih sora dareuda anu matak sedih, maka dijamin timbul nalangsa jeung anu ngupingkeun bakal ceurik jeung sedih.

Ieu conto puisi guru keur barudak anu bade miang ninggalkeun sakola atawa pasantren :
PUISI basa sunda keur pangjajap anu bade kaluar ti pasantren neuteup alam kanyataan

Keur aranjeun, anak Bapa Santri anu awewe anu lalaki.
Anaking….
Ngitung waktu, milang lengkah
Tikiwari ka kiwari, sawaktu-sarebu waktu,
Salengkah-sarebu lengkah
Ananking…..
Asa cikeneh urang babarengan,
Icikibung dina dunya atikan nu lawas tilu taun landung.
Asa bieu antara hidep jeung Bapa silih tamplokeun rasa:
Asih, nyaah, deudeuh, ijid, ngewa, jeung keuheul

Kiwari, tuh lawang pepeuntasan geus ngadago
Kahade tigatruk-tipagut
Keur nulalawora tinangtu tangtu hese mentas

Bral anaking, sing mulus rahayu nerapkeun elmu
Di ditu hidep bakal dicoba dina pangaweruh

Jung anaking, hidep diandung pangdunga.
Wilujeng anaking
keur aranjeun nu bakal miang

**
Hampura anaking, mun letah Bapa, letah ibu 
Teu bisa nahan ucapan, hahaok bari molotot,
Da kitu adatnya neundeun kanyaah.
Bapa jenu Ibu teh inggis bisi hidep kalangsu di jalan,
Katalimbeng dina dunya sukan-sukan,
Poho balik kana jalan bebeneran.

Hampura anaking,
Ucap lampah, paripolah nu kaliwat pikeun enteung keur kahareup
**
Sakecap doa, sarebu mangfaat,
Do'a nu mujarab iwal tikukaweningan
Hate urang, hate bapa, hate ibu, hate anjeun
Munajat ka kanu kawasa
Alloh ya Robbi,
Mugi Gusti ngahapunten tina dosa jeung lampah nu lepat

Bral miang anaking,
Dunga Bapa keur aranjeun,
Muga hidep sing bisa neruskeun lampah
Nutur catur tolab elmu tug ka jucung,
KuridoNa Alloh bakal kinasihan

Cag! Sakitu eta conto pidato sedih pangjajap guru pikeun santri atau siswa siswi sakola anu bade kaluar miang ngantunkeun lembaga pendidikan.
Baca oge papatah kolot pikeun lenyepaneun.

Kamis, 09 Oktober 2014

no image

Pepeling keur Anaking Budak Kuring

Tulisan di handap mangrupikeun pepeling kolot pikeun murangkalih anu dideudeuh dipikanyaah jeung dipusti-pusti. Salian ti mangrupi pepeling ucapan ieu oge tiasa janten do'a ka gusti sangkan budak jadi bageur tur soleh.

Mangga regepkeun kalimah pepeling kolot jang budak kalayan kata ku basa sastra Sunda anu merenah pamugi jadi elmu anu bisa diparantikeun kana kahirupan :

PEPELING SUNDA KEUR ANAKING

Anaking jimat Awaking ...

Hidep kudu reueus hirup huripna ngajadi diri anjeun sorangan. Raksa pariksa amarah hidep nu ngabalukarkeun kaduhung teu manggih tungtung. Jalanan hirup ku handap asor ka papada manusa, jaga jeung riksa sarupaning anu dipiboga ku hidep. Soca tina tinggalieun, ceuli tina dedengeun, Letah tina ucapkeuneun, leungeun tina cabakeuneun. Suku tina lampahkeuneun. Jaga riksa lengkah paripolah tinu hal anu matak raheut kana manah batur. Ngarah hidep hirup loba dulur, akur jeung salembur.

Ulah poho, jaga, riksa kaluhungan alam dunya. Da Gusti Anu Maha Suci nyiptakeun alam dunya teh pikeun diropea estuning keur hirup huripna hidep jeung papada umat-Na.

Anaking jimat Awaking

Hidep sing sadar, ngajalanan hirup hurip di alam dunya teh heunteu gampang. Hidep moal salawasna ngajalanan datarna hirup. Bakal nincak kana tanjakan jeung pudunan. Omat hidep ulah kupur. Salawasna eling kanu Maha Agung, Nyembah kanu Maha Kawasa. Turutkeun papagon ageman, jalankeun pituduh karuhun urang. Tah ieu anaking, pepeling keur diri papatah keur awak, badan sakujur ingis laku lampah nincak salah.

Anaking jimat Awaking

Dina unggal renghapan nu jadi indung bapa kaluar dunga anu mustajab pikeun anak-anakna ngarah hirup pinangih jeung kabagjaan, kajembaran pikeun pibekeleun dina engoning ngajalanan sagara kahirupan di alam dunya. Omat anaking hideup kudu silih asah,silih asih, silih asuh, silih talingakeun nya diri, silih simbeuh nya kukadeudeuh. Deheuskeun duduluran, rakeutkeun babarayaan, ulah rek pakia-kia ulah rek pasalia paham hamo nepi ka papaseaan.

Anaking jimat Awaking

Omat, ieu peupeujeuh keur hirup huripna hidep salawasna. Bral anaking… jalanan hirup huripna hidep. Sugan jeung sugan hidep bisa ngajadikeun diri hidep jadi Manusa Unggul.

Rabu, 08 Oktober 2014

no image

Pepeling Keur Urang Sunda Bahasa Sastra Sepuh Baheula

Pepeling di handap ieu ditulis khusus pikeung urang sunda anu ngemutan ajen jeung papatah kolot baheula. Sepuh urang sok rajeung ngaluarkeun kalimah anu ngandung makna jero dina sastra sunda anu kiwari geus ampir tumpur. Lebah dieu penting pikeun saha wae anu bade ngamumule basa sunda, ngangkat deui sastra anu mangrupa pepeling sastra bahasa sunda.

Ieu pepeling singket sepuh baheula dina basa Sunda kulon (Banten, Serang, Tangerang) :
Anom... mungguh kitu ari hirup, mudu leumpang nyorang leuweung hurip na. Halangan jeung harungan, taya towongna, megatan di jajalaneun. Urang mudu eling, kumelendang teh hanteu nyorangan, dina harti asa aing pangpunjulna. Dia mudu inget, di beh ditueun langit teh apanan aya langit deui. legana awun-awun, legana jagat buana panca tengah, rempeg ku hurip jeung kahirupan nu teu kajeujeung ku mata lahir. mangkeluk-mangkeluk jirim jisim nu lalemes, nyaraksian sabudeureun kahirupan urang.
Manusa leuwih punjung batan makhluk sejena, sabab dibere akal jeung pangabisa. Pangabisa eta gumantung kumaha lantipna pamuhit urang.. urang mudu apal reujeung lilinggeranana. Mudu nyaho hirup jeung kahuripan nu kumeling di ieu buana, nyaho kalawan jero-jeroanana. jampena, ajenan sakabeh nu kumelip, ti mimiti tongo tepi ka gajahna, ti mimiti lukut tepi ka tangkal kiara na, ti mimiti nu teu kajeueung tepi ka nu teu kajeueung. Eta teh kabeh ge ciciptan nu diancokeun pikeun maturan hirupna urang, maranehna teh babagian tina kahirupan urang....
Pepeling dihandap ngangge basa sastra Sunda sajak / tetekon :
Nalangtang nyawang waruga
Niliktik tis tumis diri
Ebreh sapangreretan
Atra raga ganti sukma
Jumantung wawuh ka kujur
Ajeg teuneut ka pangandeg
Hurip ingwang hurip insun
Jirim jisim pangancikan
Rip hurip nyawalan sukma
Gumunung
Sakujur awur
Gelar pataremeng rasa sampurna
Jatining sunda
Matih jamparing apsari beunang
Marancah
Deudeh jungjunan dipentang
Hirup jajantung beratna sifatan jarak
Matih lain keur mateni deudeuh Jungjunan
Da puguh haleuang tembang
Hariring tresna ning asih
Sidakep mah duh Jungjunan
Raga sukma bathin wening
Wening lirih nyawang pangraraos
Geura nyawang duh Jungjunan
Waruga jati sajatining ngahiji
Nu gumulung sakujur tangtung
Pisahna teu jadi dua
Tunggalna henteu ngahiji
Nambah alam duh Jungjunan da rangruwang
Sakuriling henang hening dina cahya nu gumebyar
Nu ngancik mah duh Jungjunan di sunyaruri
Atra setra mancawarna katinggali
Cahayana cahaya gaib nu wujud
Ari cahya nu jumaning cahaya
Jatining sukma
Mugia katampi

Eta sababaraha pepeling sastra sunda nu asalna ti basa sepuh baheula. Peryogi diemutan pikeun bekel urang mayunan kahirupan dunya sangkan meunang kabagjaan dunia rawuh akherat. 

Rabu, 13 Februari 2013

no image

Sisindiran Anaking Jimat Awaking

Mangga  regepkeun Sisindiran Anaking Jimat Awaking di handap ieu: 
...................................
Jampe-jampe harupat
Geura gede geura lumpat
Sing jauh tina maksiat anaking
Ngarah salamet akherat
................................... 
Jampe-jampe harupat
Geura gede geura lumpat
Susah senang omat sholat anaking
Beunghar kade poho zakat
...................................
Jampe-jampe harupat
Pek dudunya satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rek hirup saumur dunya
...................................
Jampe-jampe harupat
Prak ibadah satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rek cacap engke sareupna
...................................
Dodoja datang tong kalut
Sanghareupan make imut
Ulah rek aral subaha anaking
Sing percaya ka nu kawasa
...................................
Maha welas maha asih
Moal aya pilih kasih
Sagala nu karandapan kuhidep
Tangtuna bongan sorangan
...................................
Ti bapa ieu pepeling
Ngarah hidep hirup salawasna eling
Heunteu berang heunteu peuting
Hidep kudu soleh satungtung nyaring
no image

Anaking Jimat Awaking

Anaking … jimat awaking ...
Heunteu gampang nalika nyorang jalan kahirupan, moal salawasna cicing dinu datar, tinangtu bakal pinanggih wanci mudun jeung tanjakan, kudu sabar hidep nalika kurang tur omat ulah nepak dada benghar, adigung adiguna, asa aing uyah kidul, agul kupayung butut!! ” Omat hidep bisi kupur, kudu eling kanu Maha-Gafur, nyembah kanu maha kawasa, turut kana papagon agama nyumponan parentahna ngajauhan larangan nana, Tah iyeu anaking pepeling keur diri papatah keur awak, badan sakujur inggis laku lampah nincak salah.

Jumat, 08 Februari 2013

no image

Ulah Kawas Lampah Beunteur

Diantawis cacarekan kolot baheula dina raraga mapatahan, aya kecap :

Ulah Kawas Lampah Beunteur

Naon hartina?
”Tamiang meulit kana bitis”… salah sahiji cacarekan kolot, cacarekan eta bisa di pake alus atawa goreng, nu artiana mah meureun kawas keu, satiap pepelakan atawa kalakuan urang, boh hade boh goreng pasti bakal ka panen deui ku urang.

Sakapeung mah sok asa ohokeun mun ningal tingkah polah manusa, ngudag-ngudag hayang bungah bari cicing teh di alam dunya, geus puguh mertela kembang boled dina katerangan oge dunyamah alam fana. ayena hayang bungah di alam dunya da moal bisa isuk-isuk, geus di udag-udag ku kabutuh beurang sumawona… sore sarua keneh.

Ngan sok sanajan kitu  genteng-genteng ulah potong, da kulantaran urang mah sifating jalmi nu ngabogaan akal jeung pikir, ngan ulah sok kalalajoanan, kusabab di dunya ukur saliwat ngan ukur keur melak pikeun peutikeun mangsa di alam padang narawanag, molongpong jalan ka gedong. jalan panjang sasapuan, nu ngaliwat panto maot tea, da atuh apan aya paribasa :

Kuring jeung kurung bakal di giring. mulih kajatina mulang ka asalna. asal ti pangerang balik deui ge ka Pangeran… 

Lampah beunteur ku urang ulah di tiru odoh baranghakan, nejo cacing ngaringkeul di caplok, teu nyahoeun di jerona aya useupan.

Punten ah sanes maksad 'hayam mamatahan nitah ngojay ka meri', tapi ieu mah ngan panggeing keur urang salaku manusa. teu kudu adug-adugan ngudag-ngudag kadunyaan, da ari maot mah teu di bawa, di boehan oge ku nu hirup.

Ngan wungkul amal perbuatan nu bakal jadi panganteur, diri nu sajati. Kulantaran ceunah ari manusa mah mun geus maot teh teu sarua jeung sato… Geus puguh ari ku bilatung mah, tapi di sagedengun ku bilatung aya deui balitung (hisaban di akherat tea).

Eling-eling mangka eling.. Rumingkang di bumi alam darma wawayangan bae, raga taya pangawasa. Nafsu nu matak kaduhung, badan nu katempuhan… Cag.. ah….!!!.