Unek-unek Saderek sim Kuring

Yeuh, nya. saya rek nga-update unek2.
jalma ayeuna geus teu bisa dibohongan. ngirimkeun anak-anakna ka pasantren teh ngan saukur basa "sugan", "sugan we ari dikapasantrenkeun mah budak teh jadi bageur." atawa basa "daripada", "nya, daripada teu sakola." atuh lamun kitu mah pasantren teh jadi tempat pamiceunan jelema anu teu baleg, anu teu kapake ku batur. eta nu ka hiji.

nu ka duana, ayeuna mah anu ngaran budak pasantren teh geus teu bisa dipercaya gerak gerikna. naha? sabab teu saeutik budak pasantren anu geus lulus ti pasantrenna siga kuda kaluar ti gedogan, manuk kaluar ti kandang. liar ka ditu ka dieu. sagala digapruk, da puguh baheulana teu ngalaman. eta geus lain rahasia umum. saukur conto ieu mah, nya. di daerah kuring, nya bejakeun we di Tasik, anu katelahna kota santri ti jaman baheula ngan saukur jadi kota santri. aya hiji pasantren anu dipayungan ku salah sahiji harokah islam anu katelah nepi ka luar pulau, yenpasantren eta teh kaasup pang alusna, harokahna kaasup anu konsisten dina masalah fikih. nepi ka disendal capit ge kudu make kaos kaki, da aurat, cenah. tapi geningan, kami boga tatangga kaluaran dinya, ayeuna beda jauh jeung baheula di pasantren. lamun teu percaya, kami aya buktina. manehna, awewe, setelan "raksukanna" ayeuna make calana ngan saukur satengah pingping. bajuna baju kaos pondok anu beuheungna badag tea, anu dipakena teh ngalehleh dina taktak sabeulah. pastina moal ditiung. piraku aya nu make calana "jero" hungkul dek make tiung?, tampiling ku aing lamun kitu mah. nya, ku sabab bajuna ngalehleh dina taktak sabeulah, atuh puguh taktakna kaciri. anu matak leuwih reuwas deui dina tonggong handapeun taktakna aya "tatoo" anu jelas-jelas dijieun terus ditembong-tembong ka batur. kuring mah teu hayang nyaho eta tatoo teh permanent atawa temporer. nu puguh mah eta teh tato. astagfirullah al 'adzim.

nu katiluna, ieumah kanggo bapa atanapi ibu atanapi saha wae nu maca anu ngagaduhan murangkalih oge niatan nyakolakeun eta murangkalih ka pasantren, ulah mikir yen pasantren teh tempat rehabilitasi. pasantren sanes tempat rehabilitasi atanapi ngubaran jelema anu salah. pasantren mah ngan tempat diajar. ibu atanapi bapa kedah ngemutan deui, anu sabener-benerna tempat pendidikan sareng anu pang payunna nyata bumi urang. dina hartosan bumi salaku tempat ngabentuk karakter murangkalih lewat didikan ibu ramana. kumargi kitu upami bade nanaon anu menyangkut sareng murangkalih ibu atanapi bapa kedah dirembukkeun heula sareng eta murangkalih, tapi kedah diimbangan oge ku kasiapan urang nampi kemungkinan anu bakal ngahesekeun ibu atanapi bapa ngadidik eta murangkalih.

nu terakhir, samentawis ieu, pribados bade ngemutan yen anak yang sekarang ada dalam pangkuan anda sanes mangrupikeun mamala atanapi barang anu bakal ngahambat aktifitas. nanging mangrupikeun binih anu memang kedah diurus, dijaga sing tartib. sakali deui eta teh binih anu kedah diurus. urang emutan, sifat tina binih pastina rawan tapi tiasa dibentuk ku urang. pangeinten emut, nya, kumaha ngadamel tangkal bonsai. eta teh dibentuk tina binihna, sanes tos kitu ti mimiti ceb na.

ah, gening sakitu ge ngesang, nya..
waslm