--> Pidato Sunda: Amal Anu Bakal Nulungan di Alam Aherat | Aswan Blog

Berbagi ilmu dan pengalaman

Friday, 1 February 2013

Pidato Sunda: Amal Anu Bakal Nulungan di Alam Aherat

| Friday, 1 February 2013
Sagala puji urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci Dzat nu ngatur sagala eusi dunya katut eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata Ala. Sakumaha hidayah sareng inayah-Na urang masih dipaparin nikmat sehat oge nikamat Iman sareng nikmat Islam nyaeta nikmat anu pang ageung-ageungna.

Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta Nabi Muhammad Selewlohiu Alaihi Wasallam. Kusabab anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos Nikmat Iman sareng Nikmat Islam. Jeung mudah-mudahan urang sadayana ka asup umatna amin yarobal alamin.

Hadirin nu dipihormat..
Dina kasempetan ayeuna sim kuring bade ngababarkeun yen naon-naon wae anu bakal ku urang di bawa maot, naon wae anu bakal nulungan urang eungke di jero kubur.

Anu bakal nulungan urang ke di jero kubur teh cak hadis rosul aya tilu, hiji elmu nu manpaat, nyaeta elmu anu ku urang diamal keun diwaktu hirup mamagahan batur, mamagahan barudak, jeung sajabana bari jeung urang ngalaksanakeunana.

Nu kadua nyaeta amal sodakoh atawa jariah anu suci tur iklas, dimana utang sawaktu hirup sok barang bere kanu butuh, mere dahar kanu kalaparan mere ka nu pakir, nu miskin jeng mere sumbangan keur pembangunan masjid jeung sajabana amal-amal anu soleh bari jeung rido iklas sodakoh karma Allah Subhanahu Wata Ala.

Nu katilu amal nubakal nulungan urang teh nyaeta anak anu soleh, nyaeta budak anu ngadoakeun indung bapana, sakumaha keur hirupna dididik dititah ngaji ,sakola, ngala elmu jeung sajabana, tah dimana kolotna maot eta budak ngadoakeun kakolotna.

Upama urang nalungtik kana pangaturan Allah dina ngatur perjalanan wujud jeung hirup urang tina asal teu aya kana aya ayeuna jeung saterusna, mangka urang tiasa narik kasimpulan yes dina garis ageungna urang teh ngalaman lima alam/jaman, nya eta: 

Kahiji, alam azali Nya eta di mana urang sarerea kakara aya dina panetepan rancana Allah atawa kodo-Na. Harita Allah parantos netep keun sugrining nasib jeung kaayaan mahluk-Na, saperti: si A, naha bade didamel lalaki atawa awewe, umurna sabaraha taun, dilahirkeunana di nana, poe naon, oge ngatur pirejekieunana, senangna atawa susahna, sehatna atawa geringna jeung sajabana ti eta. Harita sakabeh jalma kakara aya rohna wungkul, disebut alam arwah. 

Jadi, perkara roh mah henteu aya bapana, indung na, atawa anakna, sabab didamel ku Allah sakaligus, disakali- keun. Dawuhan Allah:

 قُلْ كُلُّ مِنْ عِنْدِاللَّهِ.   
Hartosna: "Bejakeun ku andika Muhammad! Yen sakabeh perkara teh ti Allah." 

Para hadirin sadaya, 
Kadua, alam dunya. 
Saparantosna ngalaman alam azali, terus Gusti Allah ngadamel alam dunya anu di kawitan ku ngadamel: "NUR MUHAMMAD" heula, terus ngadamel cai. bumi, langit. taneuh, sasatoan, pepelakan, malaikat, jin, setan, terus ngadamel manusa, nya eta dikawitan ku Nabi Adam anu asalna tina taneuh. 
Dawuhan K.N. Muhammad saw.

 اِنَّ اللَّهَ خَلَقَ قَبْلَ اْلاشْيَاءِنُوْرَنَبِيِّكَ مُحَمَّدٍصَلَّ اللَّهُ عَلَيْههِ وَسَلاَّمَ مِنْ نُورِهِ.   

Hartosna: "Saestuna Gusti Allah parantos ngadamel samemeh sagala perkara teh kana Nur Nabi andika (Muhammad saw. ) heula, tina Nur Na.” Saparantosna Gusti Allah ngadamel N. Adam a.s., terus ngadamel Siti Hawa tina tulang iga N. Adam a.s. terus ngadamel putra putuna tina asal cai mani. 

Dawuhan Allah:

 وَلَقَدْ خَلَقْنَااْلاِنْسَانَ مِنْ سُلاَلَةٍ مِنْ طِيْنٍ. شُمَّ  جَعَلْنَاهُ نُطْفَةً فِى قَرَرٍ مَكِيْنٍ.  شُمَّ خَلَقْنَا النُطْفَةَ عَلَقَةً فَخَلَقْنَا العَلَقَةَ مُضْغَةً فَخَلَقْنَا المُضْغَةَ عِظَ مًافَكَسَوْنَا العِظَامَ لَهْمًا ثُمَّ اَنْشَأنَاهُ خَلقًا اَخَرَ فَتَباَرَكَ اللَّهُ اَحْسَنُ الْخَلِقِيْنَ. ثُمَّ اِنَّكُمْ بَعْدَ ذَلِكَ لَمَيِّتُوْنَ.  ثُمَّ اِنَّكُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ تُبْعَشُوْنَ. 

Hartosna:"Demi sacstuna Kaula geus ngadamel manusa Adam tina act taneuh Terus Kaula ngadamel manusa manusa turunan Adam tina cai mani anu aya ding kandungan Terus Kaula ngadamel eta cal mani teh Jadi getih kentel Terus Kaula ngadamel eta getih kentel teh jadi daging Terus Kaula ngadamel kana eta daging teh sawarehna jadi tulang. Terus Kaula muntel eta tulang teh ku daging Terus Kaula ngajadi keun, tegesna Kaula ngarobah tina eta kajadian teh kanu kajadian atawa rupa sejen (ku diasupan rohna, nya eta jadi hirup). Mangka Maha Agung kakawasan Allah. Zat anu pangsac-saena nu ngadamel. Terus sanggeus maranch hirup di dunya, engkena maot, terus maraneh reh dina poe kiyamah bakal dihirupkeun deui (pikeun dihisab jeung dibales sakabeh amal maraneh)" 

Para hadirin sadaya! 
Saparantos urang sadaya lahir ka dunya dikaluarkeun tina rahim ibu anu dibekelan ku rupa-rupa anggahota katut nyanıpak rupa-rupa kajadian anu dipikábutuh ku urang dahareun, inumeun, pakeeun jeung sajabana. Kajadian hirup urang icu henteu sakadar sangkan hirup, tapi dawuhan Allah kieu:

 اَلَّذِى خَلَقَلْ المَوْتَ وَلْحَيَوتَ لِيَبْلُوَكُمْ اَيُّكُمْ اَحْسَنُ عَمَلاَ.   

Hartosna:"Allah teh Zat anu geus ngadamel maot jeung hirup, pikeun nyoba ka maraneh, cing saha anu pangalusna amalna?" 

Katilu, kaayaan maot sareng alam kubur 
Para hadirin sadaya, Saparantosna urang hirup di alam dunya, ahirna maot, tegesna pindah ka alam kubur Ari maot teh nya cta misahna roh tina jasad, jasad ancur jadi tancuh deui, sedengkeun roh mah tetep aya sarta ngabogaan rasa. 

Ari alam kubur teh alam saparan tos maot, sanes kuburan (tempat ngubur). Jadi sadaya jalma anu maot sanajan carana maot beda-beda nepi ka aya anu didahar sato galak, tetep nyorang alam kubur, bakal ditanya ku Malaikat Munkar jeung Nakir, margi rohna tetep kunipul di alam barzakh.  

Di alam kubur urang bakal ngarasa kana naon-naon anu bakal kasorang ku urang, saperti kani'matan atawa siksa kubur, susah atawa bungahna. Contona lir ibarat urang nginipi, badan urang sare, tapi rohani urang tetep nyaring, ngarasa kana sagala rupa anu kaimpikeun ku urang. raosna atawa teu raosna, susahna atawa anu bungahna. 

Buktosna geuning Kangjeng Nabi oge ngaos salamna ka ahli kubur teh ku kecap: Assalamu'alaikum…… sapertos ka nu hirup di dunya. Sareng dawuhana-Na kieu:

 اِنَّ الْمَوْتَى يَعْرِفُونَ بِجُوَّارِهِمْ يَوْمَ الجُمعَةِوَيَوْمًاقَبْلَهُ وَيَوْمًابَعْدَهُ.   

Hartosna: "Saestuna mayit-mayit teh nyarahoeun ka sakur jalma anu jarah ka kuburanana dina poe juma’ah, sapoe samemehna jeung sapoc sabadana." Sareng dawuhan-Na:

 اَنَسُ مَايَكُونُ المَيِّتُ فِى قَبْرَهِ اِذَازَرَهُ مَنْ كَانَ يُحِبُّهُ فِ اادُّنْيَا. 

Hartosna: "Pohara bungah mayit di kuburna di mana dijara ku jalma anu dipikadeudeuh ku manehna wektu di dunyana.” 

Kaopat, kaayaan di aherat 
Para hadirin sadaya, 
Saparantosna seep waktu umur dunya, bakal dongkap kiamah. Nya eta runtagna ieu jagat ku tiupan songsong Malaikat Isrofil nepi ka sadaya mahluk ancur. Saparantos opat puluh taun ti harita, Allah marentahkeun deui Malaikat Isrofil geusan niup songsong anu kadua kali, pikeun ngahirupkeun sadaya mahluk geusan meunang pangwalesan amalna ti Gusti Allah. 

Dawuhan Gusti Allah:
 اَلْيَوْمَ تُجْزَىكُلُّ نَفْسٍابِمَالَسَبَتْ.   
Hartosna: "Dina poe ieu bakal diwales sakur jiwa nurutkeun pagaweanana" 

Sareng dawuhan-Na:
  فَمَنْ يَعْمَل مِثْقَالَ ذَرَةٍخَيْرَايَرَهُ وَمَنْ يَعمَل مِسْقَالَ ذَرَّةٍشَرًّايَرَهُ.   
Hartosna: "Sing saha jalma anu migawe kahadean sanajan sagede kebul, tangtu manehna nenjo (nurima) kana akibatns (ganjaranana) Jeung saha jalma anu migawe ka gorengan sanajan sagede kebul, tangtu bakal nenjo (narima) kana siksaanana." 

Para hadirin sadaya, 
Tah ku margi kitu, sing saha anu mikanyaah kana dirina sangkan ulah kenging siksaan ti Gusti Allah malah kenging ganjar anana, mangga urang ngaronjatkeun amal ibadah urang. Upama henteu nyaah kana dirina, eta mah teu langkung teuing, tangtos engkena ngaraos hanjakal di aherat.  

Namung urang sadaya kedah emut yen kaduhung teh tara ti heula, salamina sok pandeuri. Tibatan urang kaduhung di aherat, langkung sae maksakeun diri kana ibadah ayeuna, da henteu matak ngurangan kana usaha, malah sawangsulna, matak janten berekah. Nya kitu deui ku ngalakonan kana ajaran Islam teh sihoreng matak ngamajengkeun kana pangwangunan dina sagala widang, sanes matak mundur. 

Ku margi kitu pidawuh K Nabi oge kapan, "Dinul-Islam ya'lu wala yu'la 'alaih, Hartosna Agama Islam teh luhur henteu aya anu ngaluhuran". Upami agama luhur darajatna, tinangtu anu ngalakonana oge janten luhur darajatna.

Mudah-mudahan urang sadayana tos siap, tos manteng, tos amal sodakoh, tos ngadidik barudak, tos ngamalkeun elmu jeung sajabana. Lamu anu euncan hayu urang mimitian ti ayeuna ti detik ieu ti poe ieu, sakumaha amal-amal anu di pikarido ku gusti Allah Subhanahu Wata Ala.

Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya cariosan anu teu genah didangu, bilih aya ungkapan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun.

Related Posts

No comments:

Post a Comment

Terima-kasih telah berkomentar dengan baik