Ini merupakan teks lengkap Khutbah Nikah Pidato Bahasa Sunda Dina Acara Pertikahan dengan keindahan bahasa sastra basa sunda disertai sedikit dalil Al-Qur'an :
Puji anu jadi pangais ati, Puja anu jadi panghias rasa, Puji urang
sungkeun ka Gusti nu maha suci nyaeta Alloh Robbul Izzati, Puja urang
sanggakeun kanu maha kawasa nyaeta Alloh Azza Wazalla, anu mana nitih
wanci anu mustari ninggang dina mangsa anu lugina, taqdir tetiasa
dipungkir Qadar tetiasa di singular urang sadayana dina wengi nu ayeuna
tiasa riung mungpulung patepung lawung paamprok jenghok, pateupang wajah
dina haflah mubarokah nu mudah-mudahan ieu riungan sing di janteunkeun
ku Alloh, sing dicatetnkeun dina hiji kasaean kin di yaumal Qiyamah.
Amiin ya Alloh ya robbal ‘Alamin……
Teu hilap solawat siraneung salam mugia sing dikocorkeun, dikucurkeun, oge di kecerkeun ka jungjunan urang sadayana anu pang nyongcolangna sa alam marca pada ya’ni Nabiyana Muhammad SAW. oge kulawargina, shoabatna tabi’in sareng tabi’atna tug dugi ka urang sadayana anu hadir dina ieu tempat mudah-mudahan kenging syafa’atna kin di yaumal Qiyamah. Amiin ya Alloh ya robbal ‘Alamin……
Para hadirin rohimakumulloh..!
Sateacana simkuring ngabahas masalah anu aya patula-patali, pakuat- pakait dugika pajeujeutna jeng masalah nikah mangga urang leuyeupan heula dauhan Alloh dina al-Qur’an anu unggelna :
Tegesnamah aya langit aya bumi, aya beurang aya peuting, aya caang aya poek, aya jangkung aya pendek aya mancung aya pesek, nyakitu deui aya lalaki aya awewe. Intinamah Alloh nyiptakeun ka makhlukna teh pasang-pasangan, dua-dua. Bahkan mun urang saliksik organ tubuh urang oge namina teh dua-dua. Anu pang hanapna namina ku…ku..naek kaluhur namina ping…ping, tatangga ping-ping namina tit…tit naek deui kaluhur namina da…da…, tatangga da-da namina su..su… luhureun susu namina tak…tak… naek deui kaluhur namina pi…pi… tah ieu nu terahir (bari nunjuk kana tarang) namina nong…nong.. jadi atu tetela pisan yen Alloh nyiptakeun makhlukna teh sajodo-sajodo, pasang-pasangan, dua-dua, dugina ka nami-namina
Hadirin rohimakumulloh...!”
Lamun urang ngabahas nikah minimalna bakal aya opat pertarosan.
Naon ngaran nikah..?
Saha anu kudu nikah...?
Kasaha kudu nikah,,,?
Naon bae langkah-langkah saba’da nikah...?
Maka ieu pangaosan ku simkuring sababaraha bahasan
Bahasan ka hiji : naon ari ngaran nikah ? jawab : anu mana ngaran nikah teh mun ceuk bahasa santri ta’rif nikah, mun ceuk nu sakola mah definisi nikah ? Definisi ieu ka bagi dua :
1. Secara Ethimologi (lughowi)
2. Secara Terminologi (istilah)
Para hadirin rohimakumulloh....!”
Nikah secara Lughowi tos ka uninga kusadayana dina kitab-kitab fiqih nyaeta :
Ngaran nikah secara istilah nyaeta : (فتح المعين : جلد ٣)

وخلقنكم ازواجا
“jeng geus nyiptakeun kami ka maraneh kabeh barina sa jodo-sajodo”
Tegesnamah aya langit aya bumi, aya beurang aya peuting, aya caang aya poek, aya jangkung aya pendek aya mancung aya pesek, nyakitu deui aya lalaki aya awewe. Intinamah Alloh nyiptakeun ka makhlukna teh pasang-pasangan, dua-dua. Bahkan mun urang saliksik organ tubuh urang oge namina teh dua-dua. Anu pang hanapna namina ku…ku..naek kaluhur namina ping…ping, tatangga ping-ping namina tit…tit naek deui kaluhur namina da…da…, tatangga da-da namina su..su… luhureun susu namina tak…tak… naek deui kaluhur namina pi…pi… tah ieu nu terahir (bari nunjuk kana tarang) namina nong…nong.. jadi atu tetela pisan yen Alloh nyiptakeun makhlukna teh sajodo-sajodo, pasang-pasangan, dua-dua, dugina ka nami-namina
Hadirin rohimakumulloh...!”
Lamun urang ngabahas nikah minimalna bakal aya opat pertarosan.
Naon ngaran nikah..?
Saha anu kudu nikah...?
Kasaha kudu nikah,,,?
Naon bae langkah-langkah saba’da nikah...?
Maka ieu pangaosan ku simkuring sababaraha bahasan
Bahasan ka hiji : naon ari ngaran nikah ? jawab : anu mana ngaran nikah teh mun ceuk bahasa santri ta’rif nikah, mun ceuk nu sakola mah definisi nikah ? Definisi ieu ka bagi dua :
1. Secara Ethimologi (lughowi)
2. Secara Terminologi (istilah)
Para hadirin rohimakumulloh....!”
Nikah secara Lughowi tos ka uninga kusadayana dina kitab-kitab fiqih nyaeta :
الاجتماع
“kadar-kadar kumpul”
Tapi
saur pamuda mah nikah teh singkatan tina Nun (Ni’mat) Kaf (Karasa) Ha
(Haneut). Jadi atuh-atuh jadi nikah teh singkatan tina ni’mat karasa
haneut. Tapi saur sepuh mah : Nun (Ni’mat)... kitu oge ceunah... cek
bapana budak. Da anu sing jareuntul didieu oge tina hasilna tina
nikmatna nikah, da niatmah da lain nyieun anak tapi nyieun enak.
Lereus............!”
Sakumaha ceuk Qo’idah :
Tapi
eta nikmat nikah teh ngan dua rebo kadituna mah deudeieun.
Sakumaha ceuk Qo’idah :
نعمة الدنيا ثلاثة فلتعتبر * لمس وقبلة وادخال الذّكر
“ Nikmat dunya sadayana aya tilu
Nyabak nyieun ngasupkeun anu ngabeuntelu “
Saba’da ni’mat timbul nu kadua nyaeta Kaf (Karohah) hartosna pikangewaeun, pikasebeleun da ningali pamajikan reuseup soteh ker panganten anyar, ningali pamajikan teh jiga Shopia Laurent, jiga Lidia Kandau, jiga Krisdayanti, tapi lamun geus bereset budak tilu beulas mah, komo lamun ker gendut, ningali pamajikan jiga buntelan, keur panganten anyar mah, ningali pamajikan teh di teuteup ti hareup sieup, disawang ti tukang lenjang ditilik ti gigir leunggik, tapi ges bereset budak tilu belas mah beda deui bahasana. Di teuteup ti hareup jiga keyeup, disawang ti tukang jiga hurang, ditilik ti gigir jiga langgir di ukur ti luhur jiga undur-undur, diragap ti hanap jiga hap-hap, tah ieu anu disebut Karohah teh tegesna pikangewaeun.
Salajeungna timbul nu katilu nyaeta Ha, ieu mah aya dua alternatif. Lamun nyanghareupan Karohah...lulus, maka Ha na teh hasanah teugeusna keluarga anu Mawadah Warohmah tur Sakinah (keluarga anu didasaran ku cinta jeng kasih sayang), tapi lamun nyanghareupan Karophah hanteu lulus maka Ha na teh Hazanah (keluarga nu awet rajet) anu didasaran kurasa egois jeng emosi. Mudah-mudahan ieu panganten sing kalebeut keluwarga anu Mawadah Warohmah. Amiiin......!”
Para hadirin rohimakumulloh...!”
Bahasan kadua nyaeta saha anu kudu nikah teh? Waleranana pidawuh rosul :
“wahai para pemuda …sing saha jalma anu geus sanggup di antara anjeun kabeh kana mere nafkah(dzohir batin) maka pek geura nikah”
Dina
ieu hadist, rosul ngahimbau ka para pemuda, anu geus asup masa
fuber, mun ceuk bahasa Indiana mah beger eta mah rek si fery, si
frengki, si jacky, kecuali aki-aki, anu geus sanggup nganafkahan dzohir
jeng batin tegesna mah geus bisa maraban biwir luhur jeung handap maka
pek geura narikah. Atuh pemuda anu ngan saukur rambut gondrong kerjaan
nongkrong, bujal bodong hobi nampang tapi jajan ngutang, eta mah teu
acan ka leubeut hadist Rosul anu bieu.Bahasan katilu : ka saha kudu nikah teh? Walerannana nyaeta pidawuh Allah dina Al-Qur’an.
فانكحوا ماطاب اكم
“ Maka kudu narikah maraneh kabeh kanu di pikacinta ku maraneh kabeh”
Bahasan ka opat : naon bae langkah-langkah saba’da nikah ? waleran nana dawuaha Alloh dina Al-Qur’an :
وعا سروهنّ بامعروف
“Perlakukeun istri-istri maraneh kabeh kalawan hade”
Ngimahan sing pageuh
Makean anu weuteuh
Maraban sing nepika seubeuh
Ngendongan sing nepika reuneuh
Nya kitu deui, Istri sing apal kana hak jeung kawajibanna. Anumana kawajibanana sami aya opat diantarana masak, diwedak, nangkarak, ngadengkak. Tah insya Alloh, upami duanana tiasa ngalaksanakeun kana tugas jeng kawajiban, bakal terwujud keluarga anu Mawadah Warohmah tur Sakinah nyaeta keluarga anu bahagia, keluarga anu didasaran ku cinta sareung kadeudeuh, cindekna mah ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak, ka cai daraek ngaji, ka darat daraek sholat. Se ia se kata, se iring sejalan, runtut raut sauyunan dugika paketrok iteuk, bahkan dugika poe Qiyamah.
Para hadirin Rohimakumulloh…!”
Supaya ieu dua mempelai tetep renggenek dina sakinah Mawadah Warohmah sim kuring pesen :
• Sing yakin ieu jodo teh taqdir Alloh SWT. dihin pinasti anyar pinanggih ti barang saratus dua puluh dinteun anjeun aya dina patuangan ibu ku Alloh parantos di pastikeun yen jodo jang…… bakal nikah ka neng…. Sing yakin dina hate supaya urang bisa tumarima kana kapastian Alloh
• Kudu husnudzon (hade sangka ka Alloh), bahkan ku jodo anu ieu urang bakal pinanggih jeung kabagjaan hirup, ku jodo anu ieu urang bakal nyieun wasilah pikeun ngahontal Mardlotillah.
• Ieu aqad tikah teh sing jadi pertikahan anu pertama jeung anu terakhir, tegesna panungtungan masa pacaran, ti kawit ayeuna anjeun duaan lebet kana alam rimbitan, alam rumah tangga anu dibengkeut ku SSTB (Surat Tanda Tamat Bobogohn) sa ba’da nikah mah kudu bogoh nyaan.
• Ku aqad tikah indung bapa urang jadi nambahan nyaeta mitoha, dulur, lanceuk, adi, jeung anu liana
• Ku aqad tikah jadikeun sarana pikeun ibadah ka Alloh, ngabakti ka Alloh.
Para hadirin rohimakumulloh…!”
Rupina cariosan ti sim kuring di cekapkeun sakieu bae kirang langkungna mah nyuhukeun dihapunteun, bobot sapanon carang sa pakan, sasieureun sabeunyeuren mudah-mudahan aya guna sinareng manfa’atna.