Paribasa jeung Babasan Sunda

Pribahasa sunda. Paribasa téh omongan anu geus tetep susunanana jeung ngandung harti; piluangeun tawa jadi pituah.Susunanana geus ditetepkeun ku nini-moyang. urang. Lamun ku urang dirobah éntép seureuhna, tanwandé hartina jadi camplang. Babasan téh disusun tina sababaraha kecap anu ngandung harti injeuman, harti anu teu sarua jeung harti sawajarna.

Contona:

1. Hampang birit.
2. Leutik burih.
3. Pait daging, pahang tulang jst.

Paribasa-paribasa nu ngandung harti ibarat :
1. Adéan ku kuda beureum.
2. Nulungan anjing kadempét.
3. Sakuru-kuru lembu, saregéng-regéng banténg jst.

Paribasa-paribasa nu ngawangun papatah
1. Ulah beunghar méméh boga!
2. Ulah tiis-tiis jahé!
3. Ulah muragkeun duwegan ti luhur jst.

Paribasa-paribasa nu ngandung maksud, supaya ulah nyeri teuing karasana ku batur
1. Ngadeupaan lincar.
2. Héjo tihang.
3. Teu hir, teu walahir, teu kakak, teu caladi, teu aro-aro acan jst.


Link lengkep di handap ieu kumpulan paribasa jeung babasan sunda. Koleksi sunda ayeuna tos seueur dikantunkeun ku para penulis, mudah-mudahan ieu budaya henteu tumpur.