Pepeling Keur Urang Sunda Bahasa Sastra Sepuh Baheula

Pepeling di handap ieu ditulis khusus pikeung urang sunda anu ngemutan ajen jeung papatah kolot baheula. Sepuh urang sok rajeung ngaluarkeun kalimah anu ngandung makna jero dina sastra sunda anu kiwari geus ampir tumpur. Lebah dieu penting pikeun saha wae anu bade ngamumule basa sunda, ngangkat deui sastra anu mangrupa pepeling sastra bahasa sunda.

Ieu pepeling singket sepuh baheula dina basa Sunda kulon (Banten, Serang, Tangerang) :
Anom... mungguh kitu ari hirup, mudu leumpang nyorang leuweung hurip na. Halangan jeung harungan, taya towongna, megatan di jajalaneun. Urang mudu eling, kumelendang teh hanteu nyorangan, dina harti asa aing pangpunjulna. Dia mudu inget, di beh ditueun langit teh apanan aya langit deui. legana awun-awun, legana jagat buana panca tengah, rempeg ku hurip jeung kahirupan nu teu kajeujeung ku mata lahir. mangkeluk-mangkeluk jirim jisim nu lalemes, nyaraksian sabudeureun kahirupan urang.
Manusa leuwih punjung batan makhluk sejena, sabab dibere akal jeung pangabisa. Pangabisa eta gumantung kumaha lantipna pamuhit urang.. urang mudu apal reujeung lilinggeranana. Mudu nyaho hirup jeung kahuripan nu kumeling di ieu buana, nyaho kalawan jero-jeroanana. jampena, ajenan sakabeh nu kumelip, ti mimiti tongo tepi ka gajahna, ti mimiti lukut tepi ka tangkal kiara na, ti mimiti nu teu kajeueung tepi ka nu teu kajeueung. Eta teh kabeh ge ciciptan nu diancokeun pikeun maturan hirupna urang, maranehna teh babagian tina kahirupan urang....
Pepeling dihandap ngangge basa sastra Sunda sajak / tetekon :
Nalangtang nyawang waruga
Niliktik tis tumis diri
Ebreh sapangreretan
Atra raga ganti sukma
Jumantung wawuh ka kujur
Ajeg teuneut ka pangandeg
Hurip ingwang hurip insun
Jirim jisim pangancikan
Rip hurip nyawalan sukma
Gumunung
Sakujur awur
Gelar pataremeng rasa sampurna
Jatining sunda
Matih jamparing apsari beunang
Marancah
Deudeh jungjunan dipentang
Hirup jajantung beratna sifatan jarak
Matih lain keur mateni deudeuh Jungjunan
Da puguh haleuang tembang
Hariring tresna ning asih
Sidakep mah duh Jungjunan
Raga sukma bathin wening
Wening lirih nyawang pangraraos
Geura nyawang duh Jungjunan
Waruga jati sajatining ngahiji
Nu gumulung sakujur tangtung
Pisahna teu jadi dua
Tunggalna henteu ngahiji
Nambah alam duh Jungjunan da rangruwang
Sakuriling henang hening dina cahya nu gumebyar
Nu ngancik mah duh Jungjunan di sunyaruri
Atra setra mancawarna katinggali
Cahayana cahaya gaib nu wujud
Ari cahya nu jumaning cahaya
Jatining sukma
Mugia katampi

Eta sababaraha pepeling sastra sunda nu asalna ti basa sepuh baheula. Peryogi diemutan pikeun bekel urang mayunan kahirupan dunya sangkan meunang kabagjaan dunia rawuh akherat.