Gerentes Hate

Kacipta mangsa katukang lalakon anu geus kasorang
Dina lamunan kasawang rasa ciptaan ngalangkang

Hawar-hawar sora gitar tembang na ditalar
Caang bulan narawangan lir ampir nandingan beurang
Langit teu aya panghalang estu plung plong mega lenglang
Matak betah tumaninah keur ngabungbang



Kiwari bati ngageuri,ati cerik balilihan

Harepan ukur lamunan,mapaesan katungara’an

teuteup kalangkung pinuh ku kahoncewang
Imut teu purun lir nyanding kacangcayaan.



Harepan hate asa wegah rek lumangsung
Tapi yakin dina diri,percaya kana pakta

karana widi ti Illahi

jati diri pasti ngabukti

jati moal kasili ku junti



Ratug jajantung, ngarasa kaduhung sagede gunung, peurih ati lir di gerihan ku hinis, kasaha nya rek muntang? Kasaha neangan keur panyaluuhan?

Lieuk dengeun lieuk lain jauh kasintung kalapa

Ya Allah Rabbul izzaati, welas asih anjeun pasti,ka mahlukna,sim abdi nyuhungk eun di jaga ,di raksa ,di aping sareng di jaring.

Sumujud abdi ka Anjeun

Nu Luhur Tur Maha Agung ibadah sareng sumembah nyuprih barokah ijabah