Paribasa jeung Babasan Sunda Bagean ka-2b

Paribasa jeung Babasan Sunda Bagean ka-2b...

Di handap ieu paribasa jeung babasan sunda bagean ka-2
201. Gantung teureuyeun.
Hartina : Henteu bisa terus daharna, sabab dahareunana geus béak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula, ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
202. Nyium bari ngégél.
Hartina .
I. Omonganana mah hadé, ngan haté jeung maksudna goréng.
II. Salakina dipisobat, ari pamajikanana dibogohan atawa sabalikna : Pamajikanna dipisobat, ari salakina dibogohan.
203. Ngégél curuk.
Hartina:
I. Teu meunang naon-naon atawa teu kabagian naon-naon.
II. Teu hasil maksud.
204. Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan.
Hartina : Ulah kagoda, kaganggu atawa kabéngbat ku rupa-rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hadé.
205. Ngagedag bari mulungan.
Hartina : Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yén tacan nyaho. Ku lantaran kitu, api-api geus nyaho.
206. Gedé gunung pananggeuhan.
Hartina : Adigung ku lantaran boga kolot atawa baraya baleunghar atawa jareneng.
207. Gedé hulu.
Hartina : Adigung.

208. Gedé-gedé kayu randu, dipaké pamikul bengkung, dipaké lincar sok anggang, dipaké pancir ngajedig.
Hartina : Ngeunaan ka jelema anu jangkung tur dedeg, ngan hanjakal gawéna jeung karajinanana goréng.

209. Geledug cés.

Hartina : Disangka arék hébat, tapi buktina atawa jadina mah henteu kitu.



210. Nyalindung ka gelung.

Hartina : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.



211. Legok tapak genténg kadék.

Hartina : Loba luangna, pangalamanana jeung kanyahona.



212. Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma.

Hartina: Ari rupa mah tegep, ngan dangong dusun.



213. Geus cumarita

Hartina: Geus kawin sarta imah-imah sorangan; geus misah ti kolot.



214. Gindi pikir belang bayah.

Hartina: Goréng haté, dolim; julig; dengki.



215. Ginding kakampis.

Hartina : Ari paké mah ginding, ngan duit teu boga.



216. Dipiamis buah gintung.

Hartina : Disangka hadé jeung bageur, tapi buktina goréng jeung jahat.



217. Pagirang-glrang tampian.

Hartina : Paunggul-unggul nyiar rejeki; teu daék silih seblokan.



218. Giri lungsi tanpa hina.

Hartina : Nu luhur jeung nu handap sarua baé, ulah dihina!



219. Anjing ngagogogan kalong.

Hartina : Mikahayang nu moal bakal kasorang.



220. Hadé gogog, hadé tagog.

Hartina : Hadé basa jeung hadé tingkah-lakuna deuih.



221. Nya ngagogog nya mantog.

Hartina : Nya nitah ka batur, nya prak ku manéh.



222. Goong nabeuh manéh.

Hartina : Ngunggulkeun diri atawa kulawarga sorangan.



223. Goong saba karia.

Hartina : Datang sorangan ka nu keur kariaan sanajan henteu diondang ogé, maksudna hayang dititah digawé sangkan seubeuh baranghakan.



224. Mobok manggih gorowong.

Hartina : Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileunana.



225. Teu gugur teu angin.

Hartina : Saméméh kajadian naon-naon, teu aya pisan béja, lantaran, atawa cicirén heula.



226. Gunung tanpa tutugan = Sagara tanpa tepi.

Hartina : Euweuh anggeusna, euweuh béakna.



227. Gurat batu.

Hartina : Pageuh kana jangji.



228. Guru, ratu, wongatua karo.

Hartina : Guru, Raja atawa Kapala Nagara, indung-bapa jeung mitoha, wajib dihormat jeung di­turut paréntahna.



229. Halodo sataun lantis ku hujan sapoé.

Hartina : Kahadéan anu sakitu-lilana jeung gedéna, leungit ku kagoréngan atawa kacua sakali, tur leutik.



230. Taya halodo panyadapan.

Hartina : Terus baé digelendeng atawa dicarékan.



231. Hambur bacot, murah congcot.

Hartina : Goréng sungutna jeung sok mindeng nyarékan deuih, tapi béréhan. Sok daék barangbéré dahareun.



232. Hampang birit.

Hartina : Daékan dititah.



233. Hampang leungeun.

Hartina : Babari neunggeul, babari mergasa.



234. Handap lanyap.

Hartina : Handap asor, daék ngahormat ka ba­tur, tapi boga haté luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar. Temahna batur loba anu teu resepeun.



235. Hirup dinuhun, paéh dirampés.

Hartina: Rido pisan, pasrah pisan; teu boga kahayang naon-naon



236. Hapa-hapa gé ranggeuyan.

Hartina : Miskin-miskin ogé da boga salaki, aya nu ngurus jeung nangtayungan.



237. Haréwos bojong.

Hartina : Harewos anu cukup tarikna, nepi ka kadéngé ku jelema anu deukeut kalawan tétéla pisan.



238. Getas harupateun = Pingges harupateun.

Hartina : Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.



239. Harus omong batan goong.

Hartina : Béja téh sasarina sok gampang jeung gancang naker nerekabna, ku lantaran umumna sok pabéja-béja.



240. Héjo tihang.

Hartina : Resep jeung remen gunta-ganti imah, tempat atawa pagawéan.



241. Hérang-hérang kari mata, teuas-teuas kari bincurang.

Hartina : Bareto mah beunghar, ayeuna kari miskinna.



242. Hérang caina beunang laukna.

Hartina: Nu dipikahayang bisa laksana tur henteu kalawan nganyenyeri batur.



243. Sahérang-hérangna cai béas.

Hartina : Galibna haté téh hésé pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyenyeri ka urang.



244. Henteu gedag bulu salambar.

Hartina : Henteu sieun atawa gimir saeutik-eutik acan.



245. Heueuh-heueuh bueuk.

Hartina : Ngarempugan ari di luarna mah, ngan baé henteu terus jeung haténa.



246. Nyieun heuleur jeroeun huma.

Hartina : Henteu raket jeung dulur, paharé-haré baé.



247. Heuras létah.

Hartina : Ku lantaran heuras haténa, omonganana ogé nyarugak, matak teu ngeunah ka batur.



248. Totopong heureut dibébér-bébér, geus tangtu soéh.

Hartina : Hésé béléké pisan nyukupkeun rejeki anu saeutik, lamun kasusahanana loba tur gedé.



249. Heurin ku létah.

Hartina : Hayang jeung perlu ngabéjakeun hiji perkara, ngan sieun pok, ku lantaran loba karisi/ karémpan.



250. Kahieuman bangkong.

Hartina : Ku ayana barang titipan di urang, urang téh nepi ka jiga beunghar katénjona ku batur mah, padahal miskin teu boga naon-naon.



251. Ngahihileudan

Hartina : Ngahalangan jadina hiji perkara, upa­mana jual-beuli, kawin jeung loba-loba deui, ku ngagogoréng, mitenah nu lain-lain sangkan ulah jadi.



252. Inggis batan maut hinis = Rémpan batan mesat gobang.

Hartina : Inggis jeung paur kabina-bina.



253. Haripeut ku teuteureuyeun.

Hartina : Gancang atoh dina meunangna rejeki: naha duit, kadaharan atawa barang, kalawan teu ngingetkeun balukarna, ieu téh rejeki halal atawa haram.



254. Teu hir teu walahir, teu kakak teu caladi, teu aro-aro acan.

Hartina : Teu baraya, teu kaka, teu adi, teu alo-alo acan. Teu baraya saeutik-eutik acan. Deungeun-deungeun tulén.



255. Hirup dinuhun, paéh dirampés.

Hartina : Pasrah pisan, rido pisan: teu boga kahayang naon-naon.



256. Hirup ku panyukup, gedé ku paméré.

Hartina : Hirup samahi-mahi ku paméré batur baé, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.



257. Hirup ulah manggih tungtung, paéh ulah manggih béja.

Hartina : Kudu bageur, kudu hadé laku-lampah, supaya alus kacaritakeunana.



258. Hujan cipanon

Hartina : Ceurik balilihan.



259. Hulu gundul dihihidan.

Hartina:
Nu keur untung tambah untung.
Nu keur ngeunah tambah ngeunah.
Nu keur mulia tambah mulia.



260. Nyanghulu ka jarian.

Hartina : Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.



261. Hunyur mandéan gunung.

Hartina : Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.



262. Nya di hurang, nya di keuyeup.

Hartina : Di unggal jelema ogé, nya kitu baé, taya bédana, sarua. Mungguhing wiwirang atawa kateungeunahan haté mah, boh di ménak boh di somah, sarua baé teu aya bédana saeutik-eutik acan.



263. Dihurun-suluhkeun = Dikompét-daunkeun

Hartina Teu dibéda-béda, disaruakeun baé. Lamun goréng, goréng kabéh; lamun hadé, hadé kabéh.



264. Ngahurun balung ku tulang.

Hartina : Diuk bari nangkeup tuur ku lantaran keur prihatin, upamana : keur teu boga gawé, euweuh duit, euweuh dahareun jeung euweuh pakéeun.



265. Hurung nangtung, siang leumpang.

Hartina : Ginding, karana maké papakéan ata­wa perhiasan anu aralus.



266. Ieu aing.

Hartina : Boga rasa pangpunjulna, pangbeungharna atawa panggagahna.



267. Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyérénkeun.

Hartina : Masrahkeun sagala-galana, hadéna, goréngna, bagjana, cilakana.



268. Indit sirib anak-éwé.

Hartina : Teu saurang-urang acan anu ditinggal­keun, awéwé-lalaki, kolot-budak, dibawa kabéh.



269. Teu nginjeum ceuli, teu nginjeum mata.

Hartina : Ngadéngé jeung nénjo sorangan, lain cenah jeung baruk.



270. Indung lembu bapa banténg.

Hartina : Ti indung ti bapa turunan beunghar.



271. Indung suku ogé moal dibéjaan.

Hartina : Baraya nu pohara deukeutna ogé moal rek dibéjaan.



272. Inggis batan maut hinis.

Hartina : Pohara risina.



273. Ipis kulit beungeut.

Hartina : Gedé kaéra



274. Pakotrék lteuk.

Hartina : Laki-rabi ti ngongora nepi ka kolot pisan, pada-pada geus jadi aki-aki, nini-nini.



275. Iwak nangtang sujén.

Hartina : Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.



276. Leumpeuh yuni.

Hartina : Gampang pisan kaancikan susah haté, atawa teu kuat nahan gogoda.



277. Miyuni hayam kabiri.

Hartina :
Leutik burih, babari sumerah éléh.
Lalaki nu babari sumerah ka awéwé.



278. Legok tapak, genteng kadék.

Hartina Loba luangna, loba pangalamanana.



279. Ngadék sacékna, nilas saplasna.

Hartina : Ngomong (nyarita) anu teu dileuwihan atawa dikurangan.



280. Kajeun panas tonggong, asal tiis beuteung.

Hartina : Kajeun teuing capé digawé, asal bisa dahar kalawan cukup.



281. Ginding kakampis.

Hartina : Ari paké mah ginding, ngan duit teu boga.



282. Ngarep-ngarep kalangkang heulang.

Hartina : Ngarep-ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung susah pihasileunana.



283. Kalapa bijil ti cungap.

Hartina : Ngucah-ngacéh rasiah sorangan, anu matak cilaka.



284. Méré langgir kalieun.

Hartina : Méré naon-naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibalaieunana.



285. Kai teu kaur ku angin.

Hartina : Unggal jelema awal-ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.



286. Tinggar kalongeun.

Hartina : Teu sieun atawa teu nurut, ku lantaran remen teuing digelendeng atawa dicarékan.



287. Ngéplék jawér, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri.

Hartina : Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.



288. Kandel kulit beungeut.

Hartina : Teu boga kaéra.



289. Ngandung haté.

Hartina : Aya kanyeri ti batur, tapi teu ditémbongkeun. Balukarna: rasa teu ngeunah téh aya baé, teu leungit-leungit.



290. Ngarep-ngarep béntang ragrag.

Hartina : Ngarep-ngarep anu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.



291. Buntut kasiran.

Hartina : Korét.



292. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok.

Hartina : Najan bodo asal leukeun diajarna laun-laun ogé tangtu bisa.



293. Kawas kacang nlnggang kajang.

Hartina : Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awéwé nu keur ngambek bari nyarékan.



294. Kéjo asak, angeun datang.

Hartina : Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangké deui harita kénéh dilaksanakeun.



295. Leuleus kéjo poena.

Hartina : Beuki lila beuki bageur jeung sabar, anu tadina mah sakitu bengisna.



296. Kélék jalan.

Hartina : Ngeunaan tempat anu teu gampang didatanganana, karana tempatna jauh ti jalan gedé.



297. Ulah ngéok, méméh dipacok.

Hartina : Lamun urang nyanghareupan pagawéan anu bangga, prung baé heula lampahan, ulah arék horéam ti saméméhna.



298. Sieun képlok, tuluy bahé.

Hartina : Risi bisi rugi ku saeutik, ahirna rugi gedé.



299. Daharna sakésér daun.

Hartina : Ngeunaan ka barudak anu remen pisan dahar, méh taya towongna.



300. Kebo mulih pakandangan.

Hartina : Balik ka lembur sorangan sabadana ngumbara di lembur batur.
Bookmark and Share


Artikel Terkait: