Ulah Kawas Lampah Beunteur

Diantawis cacarekan kolot baheula dina raraga mapatahan, aya kecap :

Ulah Kawas Lampah Beunteur

Naon hartina?
”Tamiang meulit kana bitis”… salah sahiji cacarekan kolot, cacarekan eta bisa di pake alus atawa goreng, nu artiana mah meureun kawas keu, satiap pepelakan atawa kalakuan urang, boh hade boh goreng pasti bakal ka panen deui ku urang.

Sakapeung mah sok asa ohokeun mun ningal tingkah polah manusa, ngudag-ngudag hayang bungah bari cicing teh di alam dunya, geus puguh mertela kembang boled dina katerangan oge dunyamah alam fana. ayena hayang bungah di alam dunya da moal bisa isuk-isuk, geus di udag-udag ku kabutuh beurang sumawona… sore sarua keneh.

Ngan sok sanajan kitu  genteng-genteng ulah potong, da kulantaran urang mah sifating jalmi nu ngabogaan akal jeung pikir, ngan ulah sok kalalajoanan, kusabab di dunya ukur saliwat ngan ukur keur melak pikeun peutikeun mangsa di alam padang narawanag, molongpong jalan ka gedong. jalan panjang sasapuan, nu ngaliwat panto maot tea, da atuh apan aya paribasa :

Kuring jeung kurung bakal di giring. mulih kajatina mulang ka asalna. asal ti pangerang balik deui ge ka Pangeran… 

Lampah beunteur ku urang ulah di tiru odoh baranghakan, nejo cacing ngaringkeul di caplok, teu nyahoeun di jerona aya useupan.

Punten ah sanes maksad 'hayam mamatahan nitah ngojay ka meri', tapi ieu mah ngan panggeing keur urang salaku manusa. teu kudu adug-adugan ngudag-ngudag kadunyaan, da ari maot mah teu di bawa, di boehan oge ku nu hirup.

Ngan wungkul amal perbuatan nu bakal jadi panganteur, diri nu sajati. Kulantaran ceunah ari manusa mah mun geus maot teh teu sarua jeung sato… Geus puguh ari ku bilatung mah, tapi di sagedengun ku bilatung aya deui balitung (hisaban di akherat tea).

Eling-eling mangka eling.. Rumingkang di bumi alam darma wawayangan bae, raga taya pangawasa. Nafsu nu matak kaduhung, badan nu katempuhan… Cag.. ah….!!!.